Imamat 11
PANGERAN ngandika ka Musa jeung Harun, ngandikakeun aturan-aturan
pikeun urang Israil. Sasatoan anu aya di darat anu meunang ku maraneh didahar,
nya eta anu kukuna beulah jeung ngagayem.
Tapi onta, marmot jeung kelenci mah najis teu meunang didahar, sabab enya ge ngagayem tapi kukuna henteu beulah.
(11:4)
(11:4)
Babi oge haram, teu meunang didahar, sabab enya ge kukuna beulah tapi henteu ngagayem.
Pacuan ngadahar sato anu najis, antel kana bangkena ge ulah.
Lauk anu sisitan jeung cecepetan meunang didahar.
Anu teu meunang didahar nya eta sarupaning sato cai anu henteu sisitan jeung teu cecepetan;
nu kitu kudu dinajiskeun, ulah bon didahar, dicabak bangkena ge teu meunang.
Jadi naon bae sarupaning sato cai anu henteu sisitan henteu cecepetan teu meunang didahar.
Manuk anu henteu meunang didahar nya eta rajawali, bueuk, heulang, dadali, alap-alap, kaak, gagak, manuk onta, camar, bango, belokok, julang, kapimis, koreak, atawa kalong.
(11:13)
(11:13)
(11:13)
(11:13)
(11:13)
(11:13)
Sato hama anu jarangjangan eta najis,
kajaba anu sok ngarajlok.
Maraneh meunang ngadahar simeut, jangkrik, jonggrang.
Sato lalembut sejenna anu jarangjangan kitu deui anu ngarayap kudu dinajiskeun.
Sing saha anu nyabak bangke sato anu kukuan, awakna jadi najis nepi ka surup panonpoe, kajaba lamun kukuna beulah sarta ngagayem, kitu deui sasatoan suku opat anu cekeran. Anu mawa bangke sato najis kudu nyeuseuh pakeanana, tapi awakna tetep najis nepi ka burit.
(11:24)
(11:24)
(11:24)
(11:24)
Ganggarangan, beurit cantung, beurit leutik jeung cakcak, kudu dinajiskeun.
(11:29)
Anu nyabak nu kitu atawa kana bangkena, bakal kanajisan nepi ka burit,
naon bae anu karagragan ku bangkena jadi najis. Paparabotan paranti naon bae, tina kai, tina lawon, tina kulit atawa tina goni, lamun karagragan ku bangke sato najis jadi najis. Kudu buru-buru dikelabkeun kana cai, tapi kaayaanana mah tetep najis nepi ka burit.
Lamun bangkena ragrag kana wawadahan tina taneuh, saeusi eta wadah jadi najis, wadahna kudu terus dipeupeuskeun.
Sabab sanajan dahareun anu halal ge ari caina tina eta pariuk mah jadi najis, kitu deui cai inum tina eta wadah anu najis.
Naon bae anu karagragan ku nu kitu kudu dipeupeuskeun; anglo atawa hawu oge kudu dipeupeuskeun.
Tapi cinyusu atawa sumur mah caina tetep beresih, sanajan anu sejenna mah mun kakeunaan ku bangke nu kitu teh jadi najis.
Sisikian anu geus rek dipelakkeun karagragan ku bangke nu kitu, kaayaanana tetep beresih.
Tapi lamun karagraganana keur waktu eta siki bibit dikeueum, jadi najis.
Anu nyabak bangke sato sanajan sato halal, jadi najis nepi ka burit.
Saha-saha anu ngahakan bangkena kudu nyeuseuh pakeanana, tapi awakna mah tetep najis nepi ka burit. Anu mawa bangkena, eta oge kudu nyeuseuh pakeanana, tapi awakna mah tetep najis nepi ka burit.
Sato-sato taneuh anu lalembut teu meunang didahar,
boh anu leumpangna ngagulusur ku beuteung, boh anu leumpangna ku suku opat atawa sukuna loba.
Pacuan ulah nganajiskeun maneh ngadahar anu karitu.
Karana Kami PANGERAN Allah maraneh teh suci. Jadi maraneh oge kudu nyucikeun diri.
Kami teh PANGERAN anu ngaluarkeun maraneh ti Mesir, nepi ka jadi Allah maraneh. Kami teh suci, jadi maraneh oge kudu suci.
Ieu kabeh jadi aturan anu ngeunaan sasatoan, manuk, sato cai, jeung sato taneuh.
Maraneh kudu taliti ngabedakeun mana anu najis mana anu henteu najis, mana anu meunang didahar mana anu henteu.