:

Imamat 10

1

Dina hiji mangsa dua putra Harun anu jenengan Nadab jeung Abihu ngarukus, parukuyanana hiji sewang. Geus diseuneuan tuluy dipurulukan dupa dihaturkeun ka PANGERAN. Tapi seuneuna lain seuneu suci, lain pamundut PANGERAN.

2

Gur aya seuneu ti PANGERAN ngalebur ka aranjeunna nepi ka tiwas di dinya.

3

Saur Musa ka Harun, "Timbalan PANGERAN kapungkur kumaha! Kapan timbalana-Na ge, ‘Anu marek ka Kami kudu nganyahokeun kana kasucian Kami. Kami mundut dimulyakeun di hareupeun sakabeh jelema.’" Harun cicing bae teu ngawaler.

4

Musa nyaur Misael jeung Elsapan anak Usiel, pamanna Harun. Saurna, "Gotong ieu mayit dulur maraneh, kaluarkeun ti ieu Kemah anu suci, bawa ka luareun pasanggrahan."

5

Dua mayit digotong dina jubahna keneh, dibarawa ka luareun pasanggrahan sakumaha parentah Musa.

6

Musa misaur ka Harun jeung ka putrana anu jenengan Elasar jeung Itamar, saurna, "Aranjeun teu kenging ngusut-ngusut rambut sareng nyosoeh anggoan ciri prihatin katilar ku ieu nu nembe hilang, sabab tangtu aranjeun tiwas, sarta PANGERAN tangtu bendu ka sakumna urang Israil. Wargi-wargi anu sanesna kenging nawiskeun prihatinna ku ieu nu nembe hilang, anu tiwasna ku seuneu ti PANGERAN.

7

Sareng aranjeun ulah ngantunkeun lawang Kemah Tepangan. Upami ngantunkeun tangtos tiwas, karana aranjeun parantos disucikeun ku minyak suci kagungan PANGERAN." Aranjeunna nurut.

8

PANGERAN nimbalan ka Harun,

9

"Maneh jeung anak maneh, mun rek asup ka jero Kemah Tepangan teu meunang nginum anggur atawa arak, bisi tiwas. Ieu jadi papakon pikeun maneh turun tumurun.

10

Maneh kudu ngabedakeun mana anggoeun Allah, mana pakeeun umum, mana nu halal mana nu haram.

11

Pikukuh-pikukuh Kami geus ditimbalkeun ka Musa, ku maraneh ajarkeun ka urang Israil."

12

Musa ngalahir ka Harun jeung putrana nu araya keneh, nya eta Elasar jeung Itamar, pilahirna, "Kurban kadaharan sesa tina hancengan PANGERAN tea candak, damel roti teu diragi, lajeng taruang di gigireun altar, margi eta katedaan teh kacida sucina.

13

Eta pibagianeun anjeun sareng putra tina hancengan anu dihaturkeun ka PANGERAN. Omat, dituangna kedah di tempat anu suci. Kitu timbalan PANGERAN ka kaula.

14

Dada sareng pingping anu parantos dihaturkeun ka PANGERAN keur bagian para imam, kenging dituang ku anjeun saputra garwa, di tempat anu beresih. Eta pibagianeun anjeun sareng putra-putra, bagian tina kurban panarima ti urang Israil.

15

Pingping sareng dada kurban kedah disanggakeun heula ka PANGERAN, hijikeun sareng gajih anu bade dijieun kurban kadaharan. Saparantos kitu nembe eta jadi pibagianeun anjeun sareng putra-putra; kedah kitu salamina, kitu timbalan PANGERAN."

16

Ti dinya Musa mariksakeun embe anu dijieun kurban pamupus dosa tea. Seug kauninga yen geus beak diduruk. Ku sabab kitu anjeunna bendu ka Elasar jeung Itamar nepi ka nyeuseul,

17

"Ku naon henteu ditaruang di tempat suci? Eta teh suci kabina-bina, ku PANGERAN dipaparinkeun ka aranjeun pikeun ngaleungitkeun dosa sakumna bangsa Israil.

18

Getih embe tea henteu dibawa asup ka Kemah PANGERAN, jadi eta kurban teh ku aranjeun kedah dituang di dinya. Kitu kapan sanggem kaula teh."

19

Harun ngawaler, "Saupami dinten ieu sim kuring ngadahar eta kurban pamupus dosa, naha eta teh matak langkung bingah ka PANGERAN? Dinten ieu sakumna bangsa Israil nyanggakeun kurban dosa ka PANGERAN, kitu deui kurban beuleuman. Kari-kari balukarna ka sim kuring sakieu awonna."

20

(10-19b) Waleran Harun ku Musa kahartoseun.

Link: