:

Imamat 15

1

PANGERAN ngandikakeun ieu papakon ka Musa jeung Harun,

2

pikeun urang Israil. Lalaki anu boga kasakit bengang, bengangna teh najis,

3

boh nanahna ngaley boh meteng.

4

Enggon anu dikedengan ku nu bengang, najis.

5

Anu antel kana urut ngedengna,

6

atawa diuk dina urut diukna, kudu nyeuseuh pakeanana terus mandi, tapi najisna mah nepi ka burit.

7

Anu antel ka jelema anu bengang kudu nyeuseuh pakeanana terus mandi, tapi najisna mah terus nepi ka burit.

8

Jelema anu beresih mun kaciduhan ku nu bengang kudu nyeuseuh pakeanana terus mandi, tapi najisna mah nepi ka burit.

9

Sela atawa naon bae anu didiukan ku nu bengang, najis.

10

Anu antel kana naon bae anu tas kadiukan ku nu bengang najis nepi ka burit. Anu mawa barang urut diuk anu bengang, kudu nyeuseuh pakeanana terus mandi, tapi najisna mah nepi ka burit.

11

Lamun anu bengang nyabak batur henteu ngumbah leungeun heula, nu dicabakna kudu nyeuseuh pakeanana terus mandi, tapi najisna mah nepi ka burit.

12

Parabot tina taneuh anu kacabak ku nu bengang kudu terus dipeupeuskeun, upama parabot tina kayu kudu dikumbah.

13

Upama nu bengang tea cageur, ti saentas cageurna kudu nunggu tujuh poe. Tuluy kudu nyeuseuh pakeanana jeung mandi di cinyusu, geus kitu jadi beresih.

14

Dina poe kadalapanna kudu mawa dua manuk japati atawa tikukur ka lawang Kemah Tepangan PANGERAN, serenkeun ka imam.

15

Manukna ku imam kudu dipeuncit, hiji keur kurban pamupus dosa hiji keur kurban beuleuman. Jadi eta jelema ku imam dipangurbankeun pikeun ngesahkeun kaberesihanana.

16

Lalaki tas kaluar cikama kudu mandi ngaguyur awakna, tapi najisna mah nepi ka burit.

17

Barang-barang tina lawon atawa kulit anu kacakclakan cikama kudu dikumbah, najisna nepi ka burit.

18

Lalaki jeung awewe anu tas sapatemon kudu mandi sarta najisna nepi ka burit.

19

Awewe anu tas haid sajero tujuh poe tetep kotor. Anu antel ka eta awewe kabawa kotor nepi ka burit.

20

Naon bae anu didiukan atawa dikedengan ku awewe keur haid kabawa kotor.

21

Anu antel kana enggon hees atawa kana naon bae anu kadiukan ku awewe anu haid, kudu nyeuseuh pakeanana terus mandi, tapi najisna mah nepi ka burit.

22

(15:21)

23

(15:21)

24

Lalaki anu sapatemon jeung awewe keur haid, katepaan kotor tujuh poe lilana. Enggon heesna oge kabawa kotor.

25

Awewe anu ngagetih lain mangsa, atawa ngagetih liwat ti waktu haidna, salila ngagetihna can eureun kaayaanana sarua jeung haid, najis.

26

Enggon heesna, kitu deui sagala rupa anu didiukan ku manehna salila dina kaayaan kitu, najis.

27

Anu antel kana awakna kudu nyeuseuh pakeanana terus mandi, tapi najisna mah nepi ka burit.

28

Sanggeus ngagetihna eureun, eta awewe kudu nunggu tujuh poe deui, geus kitu kakara dirina beresih deui.

29

Dina kadalapan poena kudu ka imam di lawang Kemah Tepangan PANGERAN, mawa dua manuk japati atawa tikukur.

30

Manukna ku imam kudu dipeuncit, hiji keur kurban pamupus dosa, hiji keur kurban beuleuman. Ku jalan kitu imam teh ngajalankeun upacara nyucikeun eta awewe.

31

Timbalan PANGERAN ka Musa, urang Israil kudu kacida dipeupeujeuhanana perkara kateuberesihanana, ulah nepi ka jadi matak nganajiskeun ka Kemah Tepangan anu aya di tengah-tengah pasanggrahanana, bisi maranehna paraeh.

32

Kitu papakon pikeun lalaki anu boga kasakit bengang atawa kaluar cikama,

33

pikeun awewe sapanjang keur haid, pikeun lalaki anu nyorang awewe nu keur haid.

Link: