:

Imamat 16

1

Sanggeus putra Harun anu duaan tea tiwas lantaran ngahaturkeun seuneu anu henteu suci, PANGERAN nimbalan deui ka Musa.

2

Kieu timbalana-Na, "Bejakeun ka Harun lanceuk maneh, yen ari asup ka jeroeun lalangse rek ka Kamar Pangsucina, kudu dina waktu nu geus tangtu. Sabab dina waktu-waktu eta bae Kami aya di dinya, dina mega luhureun tutup Peti Perjangjian. Lamun hal ieu ku manehna dirempak tangtu tiwas.

3

Manehna kakara meunang asup ka Kamar Pangsucina lamun geus ngurbankeun hiji anak sapi jalu keur kurban pamupus dosa jeung hiji domba jalu keur kurban beuleuman."

4

Geus kitu PANGERAN maparinkeun papakonna. Samemeh lebet ka Kamar Pangsucina, Harun kudu siram heula, terus dangdos ku anggoan imam, nya eta jubah kaci, lancingan pondok, beulitan, jeung dastar.

5

Ari jamaah Israil kudu nyerenkeun dua embe jalu ka Harun keur kurban pamupus dosa, jeung hiji domba jalu keur kurban beuleuman.

6

Harun ku anjeun kudu ngahaturkeun kurban sapi jalu keur mupus dosa salirana saputra garwa.

7

Geus kitu dua embe jalu tea ku anjeunna kudu dijogokeun di lawang Kemah PANGERAN,

8

tuluy kudu dilotrekeun ku dua batu elot. Elot nu hiji unina "Haturan PANGERAN", nu hiji deui unina "Pikeun Asasel".

9

Embe anu keuna ku elot haturan PANGERAN ku Harun kudu dipeuncit pikeun kurban pamupus dosa.

10

Embe anu keuna ku elot pikeun Asasel kudu disanggakeun hirup-hirup ka PANGERAN, engkena kudu dibuburak ka gurun keusik pikeun Asasel keur mupus dosa jamaah.

11

Sapi jalu ku Harun kudu dipeuncit keur kurban pamupus dosa, panebus dosa salirana saputra garwa.

12

Sanggeus kitu anjeunna kudu nyandak parukuyan dieusi ruhak tina altar, jeung seuseungitan dua keupeul, bawa asup ka Tempat Pangsucina.

13

Sanggeus aya di pangdeuheusan ka PANGERAN, eta seuseungitan asupkeun kana parukuyan, haseup kukusna sina ngaliputan turub Peti Perjangjian, nepi ka eta Peti teu katingali ku anjeunna, sabab lamun katingali tanwande anjeunna tiwas.

14

Getih sapi tea kudu dicandak saeutik, kepret-kepret kana turub Peti Perjangjian jeung ka hareupeun eta Peti tujuh kali.

15

Geus kitu kudu meuncit embe pikeun kurban mupus dosa tea pikeun nebus dosa jamaah. Getihna bawa ka Kamar Pangsucina, kepret-kepret kana turub Peti Perjangjian jeung ka hareupeun eta Peti sakumaha halna getih sapi tea.

16

Ku jalan kitu anjeunna ngadamel upacara nyucikeun Kamar Pangsucina tina rereged jeung sagala dosa urang Israil. Nu matak kudu kitu teh lantaran eta Kemah Tepangan aya di tengah pasanggrahan, tempat rereged.

17

Salila Harun keur aya di jero Tempat Pangsucina ngajalankeun upacara nyucikeun nepi ka kaluarna deui, di jero Kemah teu meunang pisan aya jelema sejen. Sarengsena ngajalankeun upacara keur salirana saputra garwa jeung keur sajamaah,

18

kudu terus kaluar ka tempat altar kurban beuleuman; eta oge kudu disucikeun, tatandukanana sakurilingna olesan getih sapi jeung getih embe tea.

19

Altarna kudu dikepretan getih ku curuk tujuh kali. Ku jalan kitu eta altar teh disucikeun tina dosa urang Israil.

20

Sanggeus beres upacara nyucikeun Tempat Pangsucina, babagian Kemah Tepangan jeung altar, embe pikeun Asasel, nu hirup keneh tea, ku Harun kudu disanggakeun ka PANGERAN.

21

Anjeunna kudu numpangkeun panangan duanana kana sirah eta embe bari ngikrarkeun sagala kadorakaan, sagala dosa, jeung sagala kabasangkalan urang Israil, diteumbleuhkeun kana sirah eta embe. Ti dinya eta embe kudu dibuburak ka tengah gurun keusik ku hiji jelema anu geus ditangtukeun.

22

Jadi sagala dosa urang Israil teh dibawa ku eta embe ka salah sahiji tempat anu taya jelemana.

23

Geus kitu Harun kudu lebet deui ka jero Kemah, tuluy cucul-cucul anggoan imam anu dianggo basa memeh lebet ka Tempat Pangsucina. Anggoan teh disimpen di jero Kemah.

24

Ti dinya anjeunna kudu siram di tempat suci, tuluy gentos anggoan ku anggoan ku anjeun. Sanggeus kitu kudu kaluar pikeun nyanggakeun kurban beuleuman pikeun ngaleungitkeun dosa salirana jeung dosa jamaah.

25

Gajih sato kurban dosa tea kudu dibeuleum dina altar.

26

Jelema anu ngabuburak embe pikeun Asasel tea, memeh asup deui ka pasanggrahan kudu nyeuseuh heula pakeanana terus mandi.

27

Sapi jeung embe anu geus dipeuncit pikeun kurban dosa, anu getihna dibawa asup ka Tempat Pangsucina pikeun ngaleungitkeun dosa tea, kudu dibawa ka luareun pasanggrahan terus duruk. Kulitna, dagingna, jeroanana, kabeh kudu diduruk.

28

Jelema anu ngadurukna samemeh asup deui ka pasanggrahan kudu nyeuseuh heula pakeanana terus mandi.

29

Ieu aturan-aturan anu kudu digumatikeun salilana. Dina poe nu kasapuluh bulan katujuh, urang Israil kitu deui urang asing anu cicing di maranehna kudu paruasa sarta teu meunang barang gawe naon-naon.

30

Dina poe eta kudu nyieun upacara nyucikeun urang Israil tina sagala dosana supaya dirina beresih nurutkeun agama.

31

Poe eta kudu jadi poe anu kacida sucina, kudu dipake pikeun puasa jeung teu meunang pisan barang gawe. Ieu aturan kudu digumatikeun salilana.

32

Imam Agung, anu geus diistrenan jeung geus disucikeun pikeun ngaganti bapana, kudu ngalampahkeun eta upacara nyucikeun. Kudu make pakean imam,

33

tuluy kudu ngalampahkeun upacara nyucikeun Kamar Pangsucina, nyucikeun bagian-bagian sejen Kemah PANGERAN, nyucikeun imam-imam, jeung nyucikeun sakumna urang Israil.

34

Ieu aturan-aturan kudu digumatikeun salilana. Upacara kieu kudu dilampahkeunana sataun sakali, pikeun nyucikeun sakumna urang Israil tina sakabeh dosana. Eta timbalan PANGERAN ku Musa dijalankeun.

Link: