Imamat 18
PANGERAN ngandika ka Musa
pikeun urang Israil. Pangandika-Na, "Maraneh ulah nurutan urang Mesir urut maraneh bareto ngumbara.
Jeung ulah nurutan urang Kanaan anu ayeuna ku Kami dituju rek mawa maraneh ka ditu.
Tarurut aturan jeung hukum Kami, lampahkeun timbalan Kami, PANGERAN Allah maraneh.
Estokeun pituduh ti Kami, lakonan sangkan salamet. Kami teh PANGERAN."
Ti dinya PANGERAN nurunkeun ieu pikukuh: Maraneh teu meunang sapatemon jeung awewe baraya sorangan.
Teu meunang sapatemon jeung indung, ngahina ka bapa jeung ka indung sorangan.
Teu meunang ngahina ka bapa, sapatemon jeung salah saurang pamajikanana.
Teu meunang sapatemon jeung dulur awewe atawa dulur tere awewe, boh jeung nu saimah boh jeung nu misah imah.
Teu meunang sapatemon jeung incu awewe, hina diri.
Teu meunang sapatemon jeung kapiadi awewe, da eta teh sasat adi teges.
Teu meunang sapatemon jeung bibi ti bapa atawa bibi ti indung.
(18:12)
Teu meunang sapatemon jeung pamajikan paman da eta teh bibi maneh keneh.
Teu meunang sapatemon jeung minantu awewe,
teu meunang sapatemon jeung pamajikan adi atawa pamajikan lanceuk.
Teu meunang sapatemon jeung anak atawa incu ti awewe anu kungsi sapatemon jeung maraneh, sabab eta teh sasat anak atawa incu sorangan, lampah kitu rucah.
Ulah nyandung ka adi atawa lanceuk pamajikan satungtung pamajikan maneh hirup keneh.
Teu meunang sapatemon jeung awewe anu keur haid sabab awewena keur reged.
Teu meunang sapatemon jeung pamajikan batur, eta lampah najis.
Anak maraneh ulah dibikeun dijieun sarat muja ka aallahan anu ngaranna si Molek, kalakuan kitu ngahinakeun pajenengan Allah PANGERAN.
Teu meunang jima jeung papada lalaki, eta kalakuan pikacuaeun Allah.
Teu meunang ngajima sasatoan. Awewe teu meunang sapatemon jeung sato, kalakuan anu nya nista nya rujit.
Pacuan ngarurujit diri ku kalakuan anu karitu. Anu sok ngarurujit diri kitu teh urang kapir, anu maratuhna di Kanaan saheulaeun maraneh, anu ku PANGERAN keur disingkirkeun supaya maraneh bisa arasup ka ditu.
Kalakuan maranehna kitu bakal ngalantarankeun eta tanah reged, sarta eta tanah ku PANGERAN tangtu disiksa datang ka ngutahkeun jalma-jalma pangeusina.
Kalakuan maranehna kacida rarujitna nepi ka tanahna oge jadi rujit. Maraneh mah ulah kitu. Maraneh kabeh urang Israil kitu deui nu lain urang Israil nu di darieu, kudu tunduk kana pikukuh jeung timbalan PANGERAN,
(18:26)
sangkan ulah diutahkeun ku eta tanah cara urang ditu anu maratuhna ti heulaeun maraneh.
Nu matak sing saha anu boga kalakuan rujit saperti kitu moal diaku deui umat Allah.
PANGERAN ngandika deui, "Tekanan ieu pikukuh-pikukuh ti Kami. Ulah boga kalakuan cara jelema-jelema anu baheula maratuh di ditu samemeh maraneh. Ulah ngarereged maneh ku kalakuan-kalakuan anu karitu. Kami teh PANGERAN, Allah maraneh."