Imamat 17
PANGERAN nimbalan ka Musa,
nepikeun ieu pikukuh anu kudu dilakonan ku Harun jeung putra-putrana jeung ku bangsa Israil.
Urang Israil anu meuncit sapi atawa domba atawa embe kurbankeuneun ka PANGERAN di mana bae, lain di hareupeun lawang Kemah Tepangan, eta ngarempak Hukum. Peta kitu kaasup maehan, ngocorkeun getih, teu meunang diaku deui umat Allah.
(17:3)
Maksud ieu pikukuh sangkan urang Israil anu biasana meuncit pikurbaneun di luar, ayeuna mah satona kudu disanggakeun heula ka PANGERAN. Jadi ayeuna mah sato kurban teh kudu dibawa ka imam di lawang Kemah Tepangan, dipeuncit di dinya keur kurban panarima ka PANGERAN.
Getihna ku imam kudu dikepret-kepret kana sakuriling altar nu di lawang Kemah Tepangan, sarta gajihna dibeuleum, sangkan seungitna kaangseu ku PANGERAN.
Urang Israil teu meunang peupeuncitan deui di tegalan pikeun kurban ka jurig-jurig, sabab peta kitu teh hartina teu satia ka PANGERAN. Ieu pikukuh ku urang Israil kudu digumatikeun sapapanjangna.
Lamun urang Israil atawa urang asing anu numpang di urang Israil rek nyieun kurban beuleuman, atawa kurban naon bae haturan PANGERAN, ngahaturkeunana kudu di hareupeun lawang Kemah PANGERAN.
Lamun ngahaturkeunana di tempat sejen, teu meunang diaku deui umat Allah.
Urang Israil atawa urang luar nu maratuh di Israil, lamun ngadahar daging anu getihna aya keneh bakal diancam ku PANGERAN tur moal diaku deui jadi umat Mantenna.
Sabab hirupna sakabeh mahluk aya dina getihna. Nu matak saur PANGERAN getih teh kudu dikucurkeun kana altar, pikeun ngaleungitkeun dosa Israil sajamaah. Anu ngaleungitkeun dosa teh nya eta getih, nyawa tea.
Eta sababna nu matak PANGERAN nimbalan ka urang Israil yen boh maranehna boh urang luarna, teu meunang ngadahar daging anu aya keneh getihna.
Urang Israil atawa urang luar anu ngarancik di Israil, lamun moro sato atawa manuk anu halal, getihna kudu dikucurkeun tuluy rimbunan ku taneuh.
Nyawa tiap mahluk aya dina getihna. Eta sababna PANGERAN ngalarang urang Israil ngadahar daging anu getihan keneh. Sing saha nu kitu moal diaku deui umat Mantenna.
Unggal jelema, urang Israil atawa lain, lamun ngadahar daging sato anu paeh bangkar atawa paeh ku sato galak, kudu nyeuseuh pakean terus mandi. Dirina bisa beresih deui lamun geus burit.
Lamun teu kitu bakal narima balukarna.