:

Imamat 20

1

PANGERAN ngandika deui ka Musa,

2

pikeun urang Israil, "Anu mikeun salah saurang anakna pikeun sarat ngabakti ka si Molek aallahan tea, boh ti kalangan maraneh boh ti nu sejen anu narumpang di maraneh, ku sakabeh jelema kudu dibaledogan ku batu nepi ka paeh.

3

Anu nyerenkeun salah saurang anakna ka si Molek pikeun maksud nyumahkeun kasucian Kemah jeung kasucian jenengan Kami, ku Kami tangtu dilawan sarta moal diaku deui umat.

4

Upama anu boga kalakuan kitu ku jamaah diantep teu dipaehan,

5

bakal dilawan ku Kami pribadi, boh manehna saanak pamajikanana, boh nu marilu teu satia ka Kami ngabarakti ka si Molek, ku Kami moal diaku deui umat.

6

Jelema anu menta pituduh ka tukang nyarumah bakal dilawan ku Kami, jeung moal diaku deui umat.

7

Masing marulus kalakuan, sabab Kami teh PANGERAN Allah maraneh.

8

Masing narurut kana pikukuh-pikukuh Kami, sabab maraneh geus dipilih ku Kami, PANGERAN."

9

Ti dinya PANGERAN nurunkeun pikukuh-Na, "Sing saha anu nyumpahan ka bapa atawa ka indung kudu dipaehan, sabab manjing hukum paeh.

10

Sing saha anu ngaranyed ka pamajikan batur sasama Israil kudu dipaehan jeung awewena.

11

Sing saha anu ngajinahan salah sahiji pamajikan bapana, teu ngendahkeun ka nu jadi bapa, kudu dipaehan jeung awewena. Kudu paraeh ku salahna sorangan.

12

Sing saha anu jinah jeung minantu awewe kudu dipaehan jeung awewena, sabab kanircaanana manjing hukum paeh. Kudu paeh ku salahna sorangan.

13

Sing saha anu silih jima jeung papada lalaki, hiji kalakuan anu pikagirukeun, kudu dipaehan duanana. Kudu paraeh ku salahna sorangan.

14

Sing saha nu kawin nya ka anakna nya ka indungna, kudu diduruk tiluanana nepi ka paeh ku karana eta kalakuanana; hal anu saperti kitu pacuan aya di maraneh.

15

Lalaki anu ngajima sato kudu dipaehan jeung satona.

16

Awewe anu sapatemon jeung sato kudu dipaehan jeung satona, sabab manjing hukum paeh.

17

Anu kawin jeung dulur saindung sabapa atawa jeung kapidulur, duanana kudu diearkeun ka balarea tuluy usir kaluar ti jamaah. Lalakina ku sabab geus nyorang orat dulur sorangan, kudu nanggung susah payahna.

18

Lalaki anu sapatemon jeung awewe nu keur haid kudu diusir jeung awewena ti jero jamaah, sabab nyumahkeun pikukuh hal kaberesihan diri.

19

Alo sapatemon jeung bibi duanana kudu nanggung balukar kanircaanana.

20

Anu ngajinahan salah sahiji pamajikan pamanna, ngahina ka nu jadi paman, duanana kudu nanggung balukarna moal baroga anak.

21

Lalaki anu kawin ka dulur saindung sabapa moal boga anak. Lalakina geus migawe kanistaan sarta teu ngajenan ka nu jadi dulur."

22

PANGERAN nimbalan deui, "Tarurut pikukuh jeung timbalan-timbalan Kami, supaya maraneh ulah nepi ka ditolak ku tanah Kanaan anu ayeuna keur diteang kalawan panuyun Kami.

23

Pacuan nyangkok adat kabiasaan urang ditu. Eta bangsa-bangsa anu nyarembah ka brahala teh ku Kami rek diusir ti ditu, sangkan maraneh bisa arasup. Maranehna geus nyumahkeun ka Kami ku sagala kadorakaanana.

24

Kami geus jangji, eta tanah anu mukti jeung lendo taneuhna teh rek dibikeun ka maraneh. Kami teh PANGERAN, Allah maraneh anu geus ngahaja milih maraneh dipisahkeun ti bangsa-bangsa sejen.

25

Ku sabab kitu maraneh kudu enya-enya ngabedakeun sasatoan jeung bangsa manuk anu halal jeung nu haram. Naon bae anu kudu diharamkeun ku Kami geus diterangkeun. Lamun didalahar maraneh bakal najis.

26

Maraneh kudu mulus kalakuan, kudu tetep jadi umat Kami bae nyalira, sabab Kami teh PANGERAN, sarta Kami teh suci. Maraneh ku Kami geus dipeting, dipisahkeun ti bangsa-bangsa sejen, sangkan jadi umat Kami bae.

27

Sing saha anu menta nasehat ka arwah-arwah jelema nu geus paraeh kudu dibaledogan ku batu nepi ka paeh, sabab kalakuan kitu teh manjing hukum paeh."

Link: