Imamat 21
PANGERAN ngandika deui ka Musa, supaya anjeunna micatur ka imam-imam putra Harun, kieu, "Pacuan imam milu kana upacara nguburkeun mayit barayana.
Kajaba lamun nu paeh teh indungna, bapana, anakna nu lalaki, anakna nu awewe, dulur lalaki,
atawa dulur anu parawan keneh anu saimah jeung manehna.
Ulah ngotoran maneh ku hal paehna baraya ti pamajikan.
Imam teu meunang ngabotakan sirah sapotong, teu meunang ngerik sisi janggot, teu meunang nurihan maneh dumeh keur tunggara.
Diri kudu suci, ulah nyumahkeun pajenengan Kami. Imam teh purah nyanggakeun kurban kadaharan ka Kami, jadi kudu suci.
Imam teu meunang mihukum awewe urut dayang atawa ka anu geus lain parawan, atawa ka popotongan batur, sabab dirina suci.
Jalma-jalma kudu nyaraho yen imam teh suci, anu dibakukeun purah nyanggakeun kurban kadaharan pikeun Kami. Kami teh PANGERAN. Kami teh suci, anu geus nyucikeun umat Kami.
Upama anak imam jadi dayang, eta teh nyumahkeun kalungguhan bapana, hukumanana kudu paeh diduruk.
Imam teh sirahna geus dikucuran minyak suci, jeung geus diistrenan, sah make pakean imam. Jadi buuk kudu luis ulah diantep teu disisiran, jeung teu meunang nyosoeh pakean ari keur tunggara.
Dirina geus dibaktikeun ka Kami, teu meunang ngarereged maneh; ulah ninggalkeun Kemah Suci Kami tuluy asup ka imah anu keur kapapatenan, sanajan upamana anu maot teh bapa atawa indung sorangan, sabab kitu teh nyumahkeun kana Kemah Kami anu suci.
(21:11)
Rarabina kudu ka parawan,
teu meunang ka randa atawa ka popotongan batur atawa ka urut dayang. Anu meunang dipirabi ku imam ngan parawan ti kalanganana sorangan.
Lamun teu kitu, engkena anak-anakna anu kuduna disucikeun teh jadi henteu suci. Kapan imam teh geus ngahaja ku Kami dipilih, ku PANGERAN, dijieun Imam Agung."
PANGERAN ngandika deui ka Musa,
supaya anjeunna micatur ka Harun kieu, "Turunan maneh anu awakna aya cacadna, pacuan ngasongkeun kurban kadaharan ka Kami. Pikukuh ieu pikeun sapapanjangna.
Pacuan jelema cacad awak nyieun kurban, nya eta: anu lolong, anu cingked, anu beungeutna aya cedaan, atawa bengo,
nu keked, nu deog,
anu pupundakan, anu pecekrek, nu belekan, nu boga kasakit kulit, jeung nu dikabiri.
Pacuan, turunan Harun anu boga cacad awak kumaha bae ngahaturkeun kurban kadaharan pikeun Kami.
Ari kadaharanana mah meunang milu ngadahar tina hancengan Kami, boh tina kurban kadaharan anu suci boh tina kurban kadaharan anu pangsucina.
Ngan ku sabab awakna aya cacadna, pacuan deukeut-deukeut kana reregan suci atawa deukeut-deukeut kana altar, sabab eta teh barang-barang suci, ulah nepi ka reged lantaran dideukeutan ku manehna, sabab eta barang-barang geus disucikeun ku Kami, PANGERAN."
Kitu ungelna pangandika PANGERAN anu ku Musa diuningakeun ka Harun jeung ka bangsa Israil.