Imamat 26
PANGERAN nimbalan, "Maraneh ulah nyieun brahala, arca, tugu brahala, atawa ngukir batu keur sesembahan. Kami teh PANGERAN, Allah maraneh.
Jeung masing gumati ngalakonan poe-poe kaagamaan sarta ajrih ka tempat Kami dibakti. Kami teh PANGERAN.
Lamun maraneh nurut kana pikukuh-pikukuh jeung timbalan-timbalan Kami,
lahan-lahan maraneh bakal mere hasil, tatangkalanana bakal baruahan sabab tangtu ku Kami dibere hujan unggal usum.
Hasilna bakal mucekil, gandum bakal nyesa nepi ka usum ngala anggur, anggur bakal nyesa nepi ka usum melak deui gandum. Hayang dahareun naon bae bakal aya di dinya tur maraneh tangtu mulus rahayu.
Maraneh di eta tanah ku Kami rek dijieun aman santosa, hees jongjon sepi karisi. Sato-sato galakna rek disina jarauh ka maraneh, tur maraneh moal kungsi nyorang perang.
Sanajan mun kudu ngayonan musuh, maraneh nu bakal unggul.
Maraneh limaan bakal sanggup ngelehkeun musuh saratus. Maraneh saratus urang bakal sanggup ngelehkeun musuh salaksa.
Maraneh rek diberkahan jeung dilobakeun turunan. Kami bakal pageuh kana jangji ka maraneh.
Saban maraneh panen bakal mucekil cukup satauneun, malah kapaksa kudu miceun sesa supaya hasil nu anyar kawadahan.
Kami rek terus nyarengan ti Kemah Kami anu suci, moal ninggalkeun.
Tangtu nyarengan, jadi Allah maraneh sarta maraneh jadi umat Kami.
Kami teh PANGERAN Allah maraneh, anu ngaluarkeun maraneh ti Mesir sangkan bebas tina kumawula ka batur. Bangsa anu tadina ngagencet ka maraneh ku Kami geus diancurkeun, maraneh jadi bebas lugina."
PANGERAN nimbalan, "Lamun maraneh ngalawan kana timbalan-timbalan Kami tangtu dihukum.
Lamun nolak kana pikukuh-pikukuh jeung timbalan-timbalan Kami, jeung ngarempak perjangjian antara Kami jeung maraneh,
ku Kami tangtu disiksa diragragan balahi, dibere panyakit anu moal picageureun, panyakit muriang anu matak lolong nepi ka hirup ge cumah. Mun pepelakan moal kadahar bakal aya nu ngaranjah, batur anu ngadaharna.
Kami bakal malik ngalawan ka maraneh nepi ka maraneh eleh ku musuh, bakal dijieun sakama-kama ku batur nu mikageuleuh, bakal pinuh ku kasieun anu pohara, nepi ka taya anu ngudag ge ngabiur kabur.
Lamun geus nepi ka kitu maraneh teu nurut keneh, hukumanana rek dilipet tujuh.
Kamantangulan maraneh rek diancurkeun, moal dibere hujan, tanah maraneh disina teuas kawas beusi.
Sanajan tohtohan dipigawe ge moal aya hasilna naon-naon, sabab lahanna geus moal ngabijilkeun hasil sama sakali, pepelakan moal jadi, tatangkalanana moal baruahan.
Lamun tetep keneh ngaralawan sarta arembung ngagugu ka Kami, hukumanana dilipet tujuh deui.
Rek sina didatangan ku sato-sato galak, anak-anak maraneh sina tariwas, pipiaraan maraneh sina beak diamuk, maraneh ngan tinggal saeutik datang ka jalan-jalan saruwung.
Saupama ku siksaan ieu angger keneh henteu ngagarugu, henteu nolih ka Kami,
siksaanana rek dijieun tujuh tikeleun ti nu enggeus-enggeus.
Ku sabab ngalanggar perjangjian ku Kami rek disiksa ku perang. Najan marubus ka kota-kota tangtu disusul ku pagebug, datang ka maraneh kapaksa kudu nyerah ka musuh.
Bekel maraneh ku Kami rek dipendet nepikeun ka hawu sahiji mahi dipake ngasakan dahareun ku sapuluh awewe. Dahareun nepi ka kudu dialas, kitu ge teu matak seubeuh.
Lamun geus kitu angger keneh teu malire jeung arembung nurut,
Kami tangtu reujeung ambek ngahajar ka maraneh, sarta hukuman maraneh rek dijieun tujuh kalieun ti nu ti heula.
Maraneh bakal ngahakan anak sorangan bawaning ku kalaparan.
Tempat-tempat maraneh ngabakti di pasir-pasir rek diaduk-aduk, altar-altar parukuyanana rek diremuk-remukkeun, bangke-bangke maraneh rek dialung-alungkeun sina ninggangan arca-arca brahala sesembahan maraneh. Bakating Kami ijid,
kota-kota maraneh rek dibalik lemah, tempat-tempat ibadahna rek dibasmi, kurban-kurban maraneh moal ditarima.
Tanah maraneh rek ditumpurkeun nepi ka lebur, nepi ka matak ngarenjag musuh-musuh nu di dinya ku ruksak-ruksakna.
Maraneh bakal aya anu ngarurug, tuluy paburisat ka tanah-tanah musuh. Tanah sorangan jadi suwung, kota-kota lebur.
Geus kitu tanah anu ku maraneh tara pisan diperekeun teh bakal ngaso da geus pada naringgalkeun ka tanah-tanah musuh, reureuhna jongjon.
(26:34)
Sanggeus aya di pangboyongan maraneh rek dibibira ku rasa kasieun, ku kalakay ngeresek ku angin ge datang ka ngacir, lumpat tibuburanjat kawas kabur ti medan perang diudag-udag musuh.
Euweuh nu ngudag oge nepi ka pateunggar jeung pada batur, jeung moal kuat ka musuh nu mana bae oge.
Maraneh bakal paraeh di pangboyongan dicaplukan ku bumi di tanah musuh.
Sesana nu tinggal saeutik bakal mudedes, wawales tina dosa maraneh jeung karuhun.
Tapi anak incu maraneh bakal insap, bakal ngaku kana dosana jeung dosa karuhunna anu geus nolak jeung ngalawan ka Kami,
nepi ka ku Kami dipiceun ka tanah musuh lantaran Kami kacida jengkelna. Sanggeus anak incu maraneh jadi hina sarta dosa jeung kabasangkalanana geus katebus ku hukuman,
kakara Kami rek inget deui kana perjangjian reujeung Yakub, Ishak, jeung Ibrahim, sarta eta jangji rek dianyarkeun, nya eta rek mikeun eta tanah ka umat Kami.
Tapi samemeh eta, tanah teh kudu diberesihkeun heula pangeusina, sina jongjon heula ngareureuh. Ari umat Kami sina nandang heula siksaan lantaran geus nolak pikukuh-pikukuh jeung timbalan-timbalan Kami.
Tapi papadaning kitu ge di nagara musuhna teh ku Kami moal ditinggalkeun kitu bae, jeung moal dibasmi nepi ka beak. Sabab lamun nepi ka kitu jangji Kami ka maranehna tangtu putus. Kami teh PANGERAN Allahna.
Kami rek nganyarkeun deui perjangjian anu bareto diikrarkeun ka karuhunna, basa Kami nembongkeun pangawasa ka bangsa-bangsa, nya eta ngaluarkeun umat Kami ti Mesir, sangkan Kami PANGERAN jadi Allah maranehna."
Kitu pikukuh-pikukuh jeung timbalan-timbalan PANGERAN ka Musa di Gunung Sinai pikeun urang Israil.