Imamat 27
PANGERAN ngandika deui ka Musa,
ngeunaan pikukuh pikeun urang Israil: Jelema anu geus disanggakeun ka PANGERAN pikeun nedunan nadar, meunang ditebus deui sina bebas.
Pikeun nebusna kudu nurutkeun patokan harga di Kemah PANGERAN: —umur leuwih ti 60 taun: lalaki-15 gebleg perak; awewe-10 gebleg perak; —antara 20-60 taun: lalaki-50 gebleg perak; awewe-30 gebleg perak; —antara 5-20 taun: lalaki-20 gebleg perak; awewe-10 gebleg perak; —kurang ti 5 taun: lalaki-5 gebleg perak; awewe-3 gebleg perak.
(27:3)
(27:3)
(27:3)
(27:3)
Lamun nu nadarna teu kuateun mayar panebus nurutkeun patokan lantaran kacida miskinna, nu rek ditebusna kudu dibawa ka imam sina diturunkeun hargana sangkan ditebus sakadugana bae.
Lamun anu dipake nadar teh sato anu layak dikurbankeun ka PANGERAN, ngingetkeun yen sakur anu geus disanggakeun ka PANGERAN teh sipatna geus suci,
eta sato ku nu boga nadar teu meunang dihilian ku nu sejen. Lamun dihilian, panghilianana oge jadi kagungan PANGERAN.
Tapi lamun anu dipake nadarna teh sato haram anu teu layak dikurbankeun ka PANGERAN, satona kudu dibawa ka imam
sina ditaksir pihargaeunana nurutkeun hade gorengna eta sato. Upama ceuk imam hargana sakitu, sakitu.
Mun rek ditebus kudu dibayar sakitu, ditambah saperlima tina hargana.
Lamun anu dibaktikeun ka PANGERAN teh imah, kudu ditaksir heula pihargaeunana ku imam nilik kaayaan eta imah. Lamun ceuk imam sakitu, sakitu.
Lamun anu nadarna aya niat nebusan, panebusna kudu dibayar sakitu, ditambah saperlima tina hargana.
Lamun anu dibaktikeun ka PANGERAN teh lahan saluwuk, hargana kudu saharga pibiniheun anu bakal dipelak dina eta lahan. Harga pibiniheunana ditangtukeun tiap dua puluh kilo jawawut sapuluh gebleg perak.
Lamun dibaktikeunana kakara tas Taun Mulangkeun pisan, pihargaeunana tetep sakitu.
Lamun rada lila ti harita, ku imam kudu dipangitungkeun pihargaeunana nurutkeun taun anu bakal kajalanan nepi ka Taun Mulangkeun nu bakal datang, terus diitung sabaraha kurangna.
Lamun anu ngabaktikeunana arek nebusan, kudu mayar sahargana, ditambah saperlimana tina hargana.
Lamun memeh ditebus ti PANGERAN geus dijual ka nu sejen, anu bogana leungit hakna pikeun nebus,
sarta dina Taun Mulangkeun nu engke, lahanna bakal terus jadi kagungan PANGERAN, ragragna ka imam.
Lamun anu dibaktikeun ka PANGERAN teh lahan anu geus dibeuli,
pihargaeunana kudu ditaksir ku imam nurutkeun lobana taun nepi ka Taun Mulangkeun nu bakal datang, sarta hargana kudu dibayar harita keneh. Duit pamayarna jadi kagungan PANGERAN.
Dina Taun Mulangkeun eta lahan kudu geus mulang ka nu boga tadina atawa ka anak incuna.
Unggal imam lamun naksir harga kudu nurutkeun patokan Kemah PANGERAN.
Kabeh sato cikal geus jadi kagungan PANGERAN, jadi teu meunang dibaktikeun jadi kurban suka sorangan. Anak sapi, anak domba atawa anak embe, kagungan PANGERAN.
Tapi cikal sato haram meunang ditebus deui, harga panebusna kudu nurutkeun patokan harga di Kemah PANGERAN ditambah saperlima. Lamun teu ditebus, meunang dijual ka saha bae nurutkeun patokan harga di Kemah PANGERAN.
Jelema, sato, lahan, lamun dibaktikeunana ka PANGERAN teu make sarat, teu meunang dijual jeung teu meunang ditebus, sabab mutlak jadi kagungan PANGERAN.
Kajeun jelema, ari keur dibaktikeunana henteu make kayid naon-naon mah teu meunang dibeuli deui, kudu dipaehan.
Sakur hasil bumi naha gandum naha bubuahan, sapersapuluhna geus jadi kagungan PANGERAN.
Lamun anu bogana hayang nebus kudu mayar nurutkeun patokan harga di Kemah PANGERAN ditambah saperlima tina hargana.
Sato piaraan, hiji tina sapuluh geus jadi kagungan PANGERAN. Dina waktu pipiaraan diitung, tiap-tiap tina sapuluh, hiji sanggakeun ka PANGERAN.
Anu bogana teu meunang tataksir palah-pilih nu alus jeung nu goreng, sakatunjukna bae jeung teu meunang dihilian ku nu sejen. Upama nepi ka dihilian, boh nu dihilianana boh panghilianana, duanana bakal jadi kagungan PANGERAN, teu meunang ditebus.
Kitu timbalan-timbalan PANGERAN ka Musa di Gunung Sinai, pikeun urang Israil.