Lamun aya anu ngahaturkeun kurban panarima, sarta anu rek dikurbankeunana teh sapi, jalu meunang bikang meunang, tapi kudu anu mulus.
2
Tumpangkeun leungeun kana sirah eta sapi, peuncit sapina di hareupeun lawang Kemah Tepangan PANGERAN. Kepret-kepret getihna ku imam turunan Harun kana sakuriling altar.
3
Tuluy sanggakeun pikurbaneunana, jieun kurban kadaharan haturan PANGERAN. Babagian anu kudu dihaturkeun nya eta kabeh gajih jeroan,
4
giginjel duanana jeung gajihna, jeung babagian ati anu pangalusna.
5
Beuleum kabeh dina altar ku imam, hijikeun jeung baturna anu geus aya dina altar. Anu bakal katampi ku PANGERAN nya eta seungitna.
6
Lamun pikurbaneunana domba atawa embe, jalu meunang bikang meunang, tapi kudu anu mulus.
7
Upama domba,
8
tumpangkeun leungeun nu boga kurban kana sirah eta domba, peuncit dombana hareupeun Kemah Tepangan. Kepret-kepret getihna ku imam kana sakuriling altar.
9
Haturkeun pikurbaneunana, jieun kurban kadaharan haturan PANGERAN. Babagian anu kudu dihaturkeun nya eta gajih, buntutna saweuteuhna anu pinuh ku gajih anu dipotong tina bagalna, sakabeh gajih anu ngabulen eusi beuteungna,
10
giginjel duanana jeung gajihna, jeung babagian ati anu pangalusna.
11
Beuleum kabeh dina altar ku panghulu, jieun kurban kadaharan haturan PANGERAN.
12
Upama embe,
13
tumpangkeun leungeun nu boga kurban kana sirah eta embe, peuncit embena hareupeun Kemah Tepangan. Kepret-kepret getihna ku imam kana sakuriling altar.
14
Babagian anu kudu dihaturkeun keur kurban kadaharan nya eta sakabeh gajih anu ngabulen eusi beuteungna,
15
giginjel duanana jeung gajihna, jeung babagian ati anu pangalusna.
16
Beuleum kabeh dina altar ku imam jieun kurban kadaharan, anu bakal katampi ku PANGERAN. Gajihna haturkeun kabeh ka PANGERAN.
17
Urang Israil sanajan di mana bae teu meunang ngadahar gajih atawa getih. Ieu katangtuan kudu digumatikeun saumur-umur ku urang Israil.