Imamat 7
Ieu aturan kurban kasalahan. Aturanana suci.
Pikurbaneunana peuncit di tempat paranti meuncit sato kurban beuleuman, nya eta di kalereun altar, sarta getihna kudu disiramkeun kana opat pongpok altar.
Gajihna kabeh ala kana altarkeun, nya eta gajih buntut, gajih jeroan,
giginjel duanana jeung gajihna, jeung babagian ati anu pangalusna.
Beuleum gajihna kabeh ku imam dina altar, jieun kurban kadaharan haturan PANGERAN. Eta kurban kasalahan.
Kulawarga imam anu lalaki kabeh kudu milu ngadahar eta daging kurban. Didaharna kudu di tempat anu suci, sabab eta kadaharan teh suci.
Boh pikeun kurban pamupus dosa boh pikeun kurban kasalahan, aya katangtuanana, nya eta dagingna pikeun imam anu ngurbankeun.
Sato kurban beuleuman kulitna pikeun imam anu ngurbankeun.
Tiap kurban kadaharan, boh anu meunang meuleum boh anu digoreng atawa didadar, eta pikeun imam anu ngurbankeun.
Kurban kadaharan anu henteu diasakan, boh nu make minyak boh nu tuhur, eta pikeun para imam turunan Harun, bagikeun sing walatra di antara maranehna.
Ieu aturan hal nyanggakeun kurban panarima ka PANGERAN.
Anu nyieun kurban panarima tanda rasa sukur ka Allah, jaba ti ngurbankeun sato kudu ngahaturkeun roti anu teu diragi. Rotina meunang anu kandel anu diadonan ku minyak jetun, meunang anu ipis anu diulasan ku minyak jetun, atawa kueh-kueh anu diadonanana ku minyak jetun,
jeung beuleum roti anu teu diragi.
Tina tiap eta kadaharan ku manehna kudu dibaktikeun sabagian ka PANGERAN; eta teh jadi bagian pikeun imam anu nyiramkeun getih sato kurban kana altar tea.
Daging kurbanna kudu beak didahar poe eta keneh, poe dikurbankeunana, teu meunang disesakeun nepi ka isuk.
Kurban panarima ti jelema anu maksudna nekanan nadar, atawa pedah kajurung ku niat sorangan, dagingna kudu didahar poe eta keneh, poe dikurbankeunana; upama teu beak, meunang diisukkeun.
Tapi lamun nepi ka pagetona aya keneh, kudu diduruk masing beak.
Sabab lamun geus tilu poe didahar keneh bae, kurbanna ku PANGERAN moal ditampi jeung moal matak jadi berkah ka manehna, malah haram sarta bakal aya balukarna ka anu ngadahar.
Upama eta daging kakeunaan ku nu najis, teu meunang didahar, kudu diduruk. Saha bae meunang milu ngadahar asal dirina teu kanajisan.
Sing saha anu dirina keur kanajisan seug ngadahar eta, teu meunang diaku deui umat Allah.
Kitu deui jelema anu tas nyabak barang najis, boh najis nu asal ti jelema boh anu asal ti sato, lamun ngadahar eta daging kurban teu meunang diaku deui umat Allah.
PANGERAN ka Musa ngandikakeun deui aturan
pikeun urang Israil. Urang Israil teu meunang ngadahar gajih sapi, domba atawa embe.
Gajih sato anu paeh sorangan atawa paeh lantaran ditekuk sato galak, teu meunang didahar tapi bisa dipake pikeun kaperluan sejen.
Anu ngadahar gajih sato anu bisa dijieun kurban kadaharan haturan PANGERAN, teu meunang diaku deui umat Allah.
Urang Israil di mana bae teu meunang nyieun dahareun tina getih manuk atawa sato lianna.
Anu ngalanggar teu meunang diaku deui umat Allah.
PANGERAN ngandikakeun ieu aturan ka Musa
pikeun urang Israil. Saha-saha anu boga kurban panarima, sabagian kurbanna hususkeun haturan PANGERAN.
Kurban kadaharanana sanggakeun ku leungeun sorangan. Gajih jeung dada sato kurbanna haturkeun ka PANGERAN, jadi pangbakti husus.
Gajihna ku imam kudu diduruk dina altar, dadana pikeun para imam.
Pingping tukangna anu katuhu husus dermakeun
ka imam anu ngurbankeun getih jeung gajih eta kurban panarima.
Dadana jadi pangbakti husus, ari pingping tukangna nu katuhu ku PANGERAN geus ditangtukeun ka urang Israil pikeun didermakeun ka para imam. Eta kitu anu ku urang Israil kudu dibikeun ka imam-imam, salilana.
Kitu bagian Harun sapala putra tina sagala kurban anu dihaturkeun ka PANGERAN, anu diandikakeun dina poean aranjeunna diangkat.
Harita PANGERAN nimbalan ka urang Israil yen kudu mere bagian saperti kitu ka aranjeunna. Ieu katangtuan ku urang Israil kudu dilakonan saterusna.
Kitu aturan-aturan hal kurban beuleuman, kurban kadaharan, kurban pamupus dosa, kurban kasalahan, kurban pangistrenan, jeung kurban panarima.
Kitu timbalan PANGERAN ka Musa di Gunung Sinai di tanah gurun, dina poean anjeunna ngembarkeun aturan-aturan kurban pikeun urang Israil.