:

Imamat 8

1

PANGERAN ngandika ka Musa,

2

"Harun jeung anak-anakna nu lalaki bawa ka hareupeun panto Kemah Kami. Bawa pakean imam, minyak suci, anak sapi jalu pikeun kurban pamupus dosa, dua domba jalu, jeung roti anu teu diragi dina karanjang.

3

Urang Israil sina karumpul di dinya."

4

Ku Musa dijalankeun. Sanggeus jelema karumpul,

5

anjeunna sasauran, "Ayeuna Bapa arek nekanan timbalan PANGERAN."

6

Harun sapala putra ku Musa disina ka parayun ngalakonan upacara mandi.

7

Sanggeus kitu Harun dianggoanan kameja, jubah, angkengna dibeulitan solempang, terus dianggoan epod, pitana tina kaen lemes dicangreudkeun dina angkengna.

8

Rap deui tutup dada digantelan Urim jeung Tumim.

9

Mastakana dianggoanan dastar, lebah taarna diterapan perhiasan emas suci tanda ngabdi, sakumaha timbalan PANGERAN.

10

Ti dinya Musa nyandak minyak suci, diulas-ulaskeun kana Kemah Tepangan katut sagala rupa anu aya di dinya, nandakeun eta kabeh dibaktikeun ka PANGERAN.

11

Altar oge dikepretan sapuratina tujuh kali, kitu deui wadah cai katut dadasarna, tanda dibaktikeun ka PANGERAN.

12

Sanggeus eta, mastaka Harun dikucuran minyak suci, diistrenan.

13

Ti dinya putra-putra Harun disina ka parayun, masing-masing dianggoanan kameja, dibeulitan solempang, dikerepusan, numutkeun timbalan PANGERAN.

14

Sapi jalu ngora keur kurban pamupus dosa ku Musa dicandak. Harun sapala putra narumpangkeun panangan kana sirah eta sapi.

15

Sapina ku Musa dipiwarang dipeuncit, geus kitu remana ngulasan tatandukan altar ku getih eta sapi, supaya eta altar kusus pikeun PANGERAN. Getih sesana dibahekeun kana dasar liang altar, tanda dibaktikeun jeung disucikeun.

16

Sakabeh gajih anu ngabulen eusi beuteungna, babagian ati anu pangalusna jeung giginjel katut gajihna ku Musa dibeuleum dina altar.

17

Babagian sapi lianna, kaasup kulit, daging jeung eusi beuteungna dibeuleum di luareun pasanggrahan, tumut sakumaha timbalan PANGERAN.

18

Geus kitu Musa nyandak domba jalu keur kurban beuleuman. Harun sapala putra narumpangkeun panangan kana sirah eta domba.

19

Dombana ku Musa dipiwarang dipeuncit, getihna disiramkeun kana sakuriling altar.

20

Dombana dipotongan, jeroan jeung suku tukangna dikumbah ku cai, sirahna, gajihna jeung sakabeh babagian sesana dibeuleum dina altar sakumaha timbalan PANGERAN. Ieu kurban durukan dijieun kurban kadaharan, seungitna bakal katampi ku PANGERAN.

21

(8:20)

22

Ti dinya domba nu hiji deui ku Musa dicandak keur upacara ngistrenan para imam lianna. Harun sapala putra narumpangkeun panangan kana sirah eta domba.

23

Dombana ku Musa dipeuncit, getihna ku Musa diulaskeun kana daun cepil Harun nu katuhu, kana indungan panangan katuhu, jeung kana indung sampean katuhu.

24

Ti dinya anjeunna miwarang supaya putra-putra Harun, nyalampeurkeun, tuluy diulasan saeutik ku getih tea, masing-masing daun cepilna anu katuhu, indung panangan anu katuhu, jeung indung sampean anu katuhu. Getih sesana disiramkeun kana sakuriling altar.

25

Geus kitu Musa nyandak gajih domba tea, buntutna anu loba gajihna, gajih anu ngabulen eusi beuteungna, babagian ati nu pangalusna, giginjel duanana jeung gajihna, jeung pingping tukang nu katuhu.

26

Tina karanjang roti teu diragi anu geus dibaktikeun ka PANGERAN tea Musa nyandak roti kandel hiji, anu diolahna make minyak, jeung roti nu ipis hiji. Tuluy diteundeun dina luhur gajih jeung suku tukang anu katuhu.

27

Eta bahan tuangeun kabeh disina ditampanan ku Harun sapala putra sangkan terus dibaktikeun jadi pangabakti husus ka PANGERAN.

28

Geus kitu ku Musa dicandak deui ti aranjeunna, terus dibeuleum dina altar dina luhur kurban beuleuman, didamel sarat kurban pangistrenan. Ieu teh kurban kadaharan, sarta seungitna bakal katampi ku PANGERAN.

29

Ari dada domba tea ku Musa ditingalikeun ka PANGERAN. Eta keur bagian anjeunna tina domba jalu anu dikurbankeun dina upacara ngistrenan. Sagala rupa ku Musa dijalankeun kalawan numutkeun timbalan PANGERAN.

30

Minyak suci jeung getih anu dina altar ku Musa dicandak saeutik, dikepret-kepret ka Harun sapala putra kana anggoan masing-masing, pikeun tanda ka PANGERAN yen aranjeunna geus resmi diistrenan katut anggoanana.

31

Musa misaur ka Harun sapala putra, "Eta daging candak ka lawang Kemah Tepangan, asakan lajeng ditaruang di dinya sareng roti tina karanjang pangistrenan, sakumaha timbalan PANGERAN.

32

Daging atanapi roti anu nyesa kedah diduruk.

33

Di lebet tujuh dinten ieu ulah waka ngantunkeun lawang Kemah, dugi ka rengse upacara pangistrenan.

34

Kitu pidameleun urang ayeuna sakumaha timbalan PANGERAN keur mupus dosa aranjeun.

35

Siang wengi aranjeun kedah tetep aya di lawang Kemah Tepangan nekanan perkawis anu ku PANGERAN parantos diandikakeun. Upami henteu kitu tangtos aranjeun tiwas. Kitu timbalan PANGERAN ka kaula."

36

Sagala rupa anu ku PANGERAN ditimbalkeun ka Musa, ku Harun sapala putra dijalankeun.

Link: