:
1 Jabur waktu nyanggakeun kurban panarima. Nyanyi ka PANGERAN, he sakuliah jagat!
2 Sembah PANGERAN bari jeung suka, deuheusan, bari nyanggakeun lagu gumbira.
3 Embarkeun yen PANGERAN teh Allah. Mantenna geus ngadamel diri urang, urang teh kagungana-Na, urang umat-Na, domba-domba Mantenna.
4 Geura arasup ka lawang Bait Allah bari ngucap sukur, geura arasup ka buruana-Na bari maruji. Ucapkeun sukur ka Mantenna, puji Mantenna.
5 PANGERAN teh sae manah, asihna langgeng, satia-Na sapapanjangna.