:

Jabur 101

1

Jabur Daud. Ieu lagu abdi, ngeunaan kasatiaan sareng kaadilan, bade dinyanyikeun ka Gusti, nun PANGERAN.

2

Abdi seja milampah kalakuan nu taya cawadeunana. Iraha Gusti bade rawuh ka abdi? Abdi di rorompok sumeja ngalakonan hirup beresih,

3

bade nebihan lampah nirca, ngabaidkeun laku lampah nu malurtad ti Allah, narah biluk ka nu karitu.

4

Moal serong hate, moal miluan kana lampah doraka.

5

Anu sok haruwas-harewos ngagogoreng batur, ku abdi bade diusir; moal nyabaran ka nu adigung adiguna.

6

Anu bade diluluskeun teh jalmi anu tigin ka Allah, bade dikengingkeun hirup di karaton abdi. Anu leres-leres lempeng hatena, tangtos diwidian ngawula.

7

Abdi moal ngampihan tukang tipu, moal miara jalma pura-pura.

8

Unggal-unggal dinten, abdi bade ngabasmi anu jarahat ti jero nagri. Para durjana sadayana bade diusiran, moal diantep hirup di kotana PANGERAN.

Link: