:

Jabur 103

1

Ti Daud. Mulyakeun PANGERAN, he nyawa, mulyakeun sakuat-kuat jenengana-Na nu suci!

2

Mulyakeun PANGERAN, he nyawa, jeung ulah poho, kumaha saena Mantenna.

3

Mantenna ngahampura sakabeh dosa kaula, nyageurkeun sagala panyakit kaula.

4

Ngajaga kaula tina liang kubur, sarta ngaberkahan kaula kalayan asih jeung welas.

5

Mantenna ngeusian hirup kaula ku hal-hal anu harade, nepi ka kaula awet ngora tur rosa tanaga kawas galudra.

6

PANGERAN geus maparin kaadilan, jeung ngabela hak sakur nu dikaniaya.

7

Maksad Mantenna ku Mantenna geus diterangkeun ka Musa, padamelan-padamelana-Na geus dipintonkeun ka kaom Israil.

8

Estu PANGERAN teh welas asih, lautan kurnia, sabar adil palamarta, sarta jembar hampura-Na,

9

tara terus nyeuseul salawasna, tara terus bendu salalanggengna;

10

ngahukumna ge tara diukur-ukur kana dosa urang, tara diijir-ijir kana kadorakaan urang;

11

malah saenyana mah, sakumaha jauhna tanah ka langit, nya sakitu rosana kawelasana-Na ka sakur anu hormat ka Mantenna teh.

12

Sakumaha anggangna wetan ti kulon, nya sakitu jauhna dosa-dosa urang dijauhkeunana ti urang.

13

Sakumaha bapa nyaaheun ka anakna, PANGERAN teh nyaaheun ka sakur anu hormat ka Mantenna.

14

Mantenna uninga kana bahan asal urang, kaemut yen urang teh saukur lebu.

15

Urang mah, hirup urang lir ibarat jukut, sirungan jeung ngagedean kawas kembang tegalan,

16

les bae euweuh, katiup ku angin, moal katenjo-tenjo deui.

17

Tapi ka sakur nu hormat ka PANGERAN mah asih-Na teh langgeng, sarta kasaeana-Na tumuluy ka sakabeh turunan,

18

jalma-jalma anu nyekel jangji Mantenna, jeung anu gumati kana timbalana-Na.

19

PANGERAN ngadegkeun tahta-Na di sawarga, Mantenna raja anu murba wisesa.

20

Mulyakeun PANGERAN, he para malaikat anu garagah perkosa, anu narurut ka pangersa Mantenna, anu gumati kana saungeling dawuhana-Na.

21

Mulyakeun PANGERAN, he wadya balad sawargawi, he para kawula-Na, anu ngemban pangersa-Na.

22

Mulyakeun PANGERAN, he sakabeh mahluk Mantenna di sakabeh tempat bawahan pamarentahana-Na, mulyakeun PANGERAN, he nyawa!

Link: