Jabur 104
Mulyakeun PANGERAN, he nyawa! Nun PANGERAN, Allah abdi, Gusti teh Maha Agung! Gusti dangdos ku kaagungan sareng kamulyaan,
salira dikubeng ku cahya. Gusti mantengkeun langit sapertos tenda,
sareng ngadegkeun malige Gusti di luhur cai di langit. Mega dijadikeun kareta, angkat nitih jangjang angin.
Angin dijadikeun utusan, kilat dijadikeun palayan.
Gusti ngadegkeun bumi, nangtungna kukuh dina pademenna, moal inggeung-inggeung.
Bumi ku Gusti diliputan ku lautan, minangka jubahna, cai lautan ngeueum gunung-gunung.
Barang ku Gusti dihaok, cai teh kabur, purat-perot nguping haokna parentah Gusti,
nyeot ti gunung-gunung ka lebak-lebak ka tempat anu ku Gusti parantos dipidamel keur eta.
Gusti matok wawatesanana, anu ku eta hamo tiasa diliwatan, supados eta teh henteu ngaliputan bumi deui.
Gusti ngadamel cinyusu-cinyusu, tingburial di lebak-lebak, walungan-walungan ngalocor di antara pasir-pasir,
nyadiakeun cai nyadiaan margasatwa; di dinya kalde-kalde alas nyirnakeun hanaangna.
Dina tatangkalan deukeut sisi-sisina, manuk-manak nyarieun sayang, jeung ngarawih disarada.
Ti langit, Gusti ngahujanan pasir-pasir, sareng bumi dieusi ku rahmat Gusti.
Gusti ngadamel jukut jaradi jang sasatoan, sareng rupi-rupi tutuwuhan jang kaperluan manusa, dugi ka manehna tiasa pepelakan keur paneneun,
sareng ngahasilkeun anggur keur nyukakeun dirina, minyak jetun keur ngagumbirakeunana, sareng roti keur nimbulkeun tanagana.
Kayu kiputri Libanon, seueur kengingna hujan — tatangkalan milik PANGERAN ku anjeun, pelak Mantenna,
enggon manuk-manuk nyarayang; manuk-manuk bango mah nyarayangna dina tangkal caringin.
Embe-embe alas nyaricingan gunung-gunung nu laluhur, peucang-peucang nyarumputna dina batu-batu cadas.
Gusti ngadamel bulan keur tanda waktu, panonpoe ngartieun iraha wancina surup.
Gusti ngadamel peuting, sareng dina poekna sasatoan alas laliar;
singa-singa ngora tinggalaur neangan mangsa, neangan hakaneunana anu geus disadiakeun ku Allah.
Ana panonpoe meletek, sato-sato alas ngarampih deui, dararepa di enggonna.
Jalma-jalma kalaluar muru pagaweanana, digarawe nepi ka burit.
Sakitu pepekna dadamelan Gusti, nun PANGERAN! eta sadayana dipidamelna estu kalayan binangkit, bumi teh pinuh ku saniskara ciciptan Gusti.
Blang lautan upluk-aplak, katut mahluk-mahluk pangeusina ageung alit, tanpa wilangan,
paranti kapal-kapal balayar, tempat ulin Lewiatan, mahluk raksasa laut ciciptan Gusti.
Eta sadayana sumender ka Gusti nu maparin tedaeunana dina waktosna.
Tedaeunana ku Gusti dipasihkeun, seug ditareda, Gusti anu nyayagikeunana, maranehna sarugema.
Ana ku Gusti disingkiran, maranehna kasieunan, ana napas Gusti dicabut ti maranehna, maranehna maraot, marulang jadi lebu, asal-usul maranehna.
Nanging upami ku Gusti dipasihan ambekan, maranehna jadi araya, Gusti maparin hirup anyar ka bumi.
Mugia kamulyaan PANGERAN tetep langgeng! mugia PANGERAN ngaraos bagja ku sugri dadamelana-Na!
Bumi ku Mantenna diteuteup, bumi ngeleper, gunung-gunung ku Mantenna ditoel, peledug bijilan haseup.
Kaula seja nyelukkeun PANGERAN saumur-umur seja nyanyi ngamulyakeun Allah kaula sapanjang gumelar.
Mugia pupujian kaula kamanah ku Mantenna, lantaran kabungah kaula timbulna ti Mantenna.
Muga-muga jalma-jalma dosa ditumpes ti bumi para durjana sing ulah aya nu kari. Mulyakeun PANGERAN, he nyawa! Mulyakeun PANGERAN!