:

Jabur 116

1

Kaula nyaah ka PANGERAN, sabab kersaeun ngadangu ka kaula, kersaeun ngagalih paneda kaula.

2

Saban kaula sasambat, ku Mantenna didangukeun.

3

Kaula dikepung ku bahya maot, diriung ku seremna kubur, sararieun jeung palaur.

4

Seug kaula sasambat ka PANGERAN, "Aduh Gusti, salametkeun abdi!"

5

PANGERAN teh sipat hampura jeung murah manah, Allah urang sipat welas.

6

PANGERAN ngaraksa ka jalma anu teu walakaya; waktu kaula nyorang bahaya, ku Mantenna disalametkeun.

7

He hate, sing yakin, sabab PANGERAN hade ka kami.

8

PANGERAN geus ngajait kaula tina ajal, cipanon kaula ku Mantenna dipepet, kaula dicegah tina kasoran.

9

Jadi kaula aya keneh di dunyana nu harirup, kumelendang di payuneun PANGERAN.

10

Kaula tetep percaya, sanajan sok ngomong, "Aing diancurkeun sama sakali."

11

Sanajan ari keur kasieunan sok ngomong, "Euweuh anu bisa dipercaya."

12

Naon atuh pamulang kaula ka PANGERAN kana sagala kasaeana-Na ka kaula?

13

Kaula rek ngahaturkeun anggur ka PANGERAN, nganuhunkeun kana pitulung-Na.

14

Kaula rek nyumponan nadar ka Mantenna dina pagempungan sakabeh umat-Na.

15

PANGERAN ngaraos kacida nyerina mun aya umat-Na anu maot!

16

Abdi teh abdi Gusti, nun PANGERAN. Abdi ngabdi ka Gusti teh sapertos ngabdina pun biang. Gusti nyalametkeun abdi tina maot.

17

Abdi bade ngahaturkeun kurban panarima, sareng nyanggakeun paneda ka Gusti.

18

Dina pagempungan sadaya umat Gusti, di tempat suci, di Bait Allah di Yerusalem, abdi bade ngalaksanakeun jangji. Puji PANGERAN!

19

(116:18)

Link: