:

Jabur 115

1

Sanes abdi-abdi, nun PANGERAN, nu kedah diagungkeun teh mung Gusti nyalira, ku karana kaasih sareng kasatiaan Gusti taya kendatna.

2

Ku naon bangsa-bangsa make naranya, "Mana Allah maraneh teh?"

3

Allah urang aya di sawarga, nu iasa ngadamel naon bae sakersa-Na.

4

Aallahan maranehna mah tina perak, tina emas, bubuatan leungeun jelema.

5

Sungutan tapi teu lemek, mataan tapi teu nenjo,

6

ceulian tapi teu ngareungeu, irungan tapi teu ngambeu,

7

leungeunan tapi teu bisa rarampa, sukuan tapi teu bisa leumpang, genggerongan tapi teu bisaeun nyoara.

8

Sing cara kitu sakur anu nyarieunna jeung anu nyarembahna, sing cara arca-arca bubuatanana.

9

Sing percaya ka PANGERAN, eh urang Israil! Mantenna nulungan jeung nangtayungan ka maraneh.

10

Sing percaya ka PANGERAN, eh imam-imam Allah! Mantenna nulungan jeung nangtayungan ka aranjeun.

11

Sing percaya ka PANGERAN, eh nu nyarembah ka Mantenna! Mantenna nulungan jeung nangtayungan ka maraneh.

12

PANGERAN emut ka urang; sarta baris ngaberkahan ka urang, baris ngaberkahan ka urang Israil, jeung ka para imam Allah.

13

Mantenna baris ngaberkahan sakur anu hormat ka Mantenna, boh nu gede boh nu leutik.

14

Mugia maraneh dibarere anak ku PANGERAN, boh maraneh, boh turunan maraneh.

15

Mugia maraneh diberkahan ku PANGERAN, anu ngadamel langit jeung bumi!

16

Langit keur PANGERAN nyalira, tapi bumi mah ku Mantenna diserenkeun ka manusa.

17

PANGERAN henteu dipuji ku nu geus paraeh, ku nu geus tarurun ka enggon nu simpe.

18

Tapi urang, anu harirup, kudu muji sukur ka Mantenna, ti ayeuna nepi ka salalanggengna. Agungkeun PANGERAN.

Link: