Jabur 118
Puji sukur ka PANGERAN, ku tina kasaeana-Na, ku tina langgeng asih-Na.
Ucapkeun ku Israil, "Asih Mantenna langgeng."
Ucapkeun ku para imam Allah, "Asih Mantenna langgeng."
Ucapkeun ku sakabeh nu ngabakti ka Mantenna, "Asih Mantenna langgeng."
Sajeroning rupek, kami sasambat ka PANGERAN, ku Mantenna didangu, kami dibebaskeun.
PANGERAN nyarengan kami, kami taya karisi; rek bisa kumaha jelema ka kami?
Nya PANGERAN anu nulung ka kami, kami bakal nyaksian musuh kami kasoran.
Mending percaya ka PANGERAN, ti batan ngandelkeun manusa.
Mending percaya ka PANGERAN, ti batan ngandelkeun para pamingpin nu sipatna manusa.
Loba musuh anu ngepung kami, tapi ku kawasa PANGERAN, kabeh ku kami dibasmi.
Maranehna ngepung kami ti mana-mana, tapi ku kawasa PANGERAN, kabeh ku kami dibasmi.
Maranehna napuk ka kami kawas nyiruan, tapi lir seuneu ngahuru ruyuk gancang pareumna, ku kawasa PANGERAN, kabeh ku kami dibasmi.
Kami ditarajang hebat pisan, geus meh eleh, tapi PANGERAN nulungan,
ku PANGERAN dibere tanaga jadi kuat; Mantenna geus nyalametkeun kami.
Reungeukeun surak nu unggul di kemah-kemah umat Allah: "Karongkahan PANGERAN nu midamel kitu!
Ku kakawasaan Mantenna urang unggul — ku karongkahan Mantenna di medan perang!"
Kami moal paeh, sabalikna malah hirup, pikeun ngembarkeun padamelan-padamelan PANGERAN.
PANGERAN geus ngahukum kami beurat pisan, tapi Mantenna henteu ngantep kami sina paeh.
Kami pangmukakeun lawang gapura Bait Allah, rek asup, rek muji sukur ka PANGERAN!
Tah ieu lawang gapura PANGERAN, ngan jalma nu jujur nu bisa asup.
Abdi muji ka Gusti, parantos ngadangu paneda abdi, sareng parantos maparin kaunggulan.
Batu nu teu kapake ku nu ngawangun, malah jadi anu pangpentingna.
Jadi kitu teh ku PANGERAN, katembongna matak helok.
Ieu teh poe kaunggulan PANGERAN, hayu urang suka bungah, urang pestakeun!
Salametkeun abdi sadaya, nun PANGERAN! Paparinan abdi-abdi kaunggulan, nun PANGERAN!
Mugia Allah ngaberkahan ka nu datang kalayan pajenengan PANGERAN, kaula sakumna ngaberkahan ti Bait PANGERAN.
PANGERAN teh Allah; Mantenna geus midamel kasaean ka urang. Bari nyarekel rangrang dangdaunan, pesta geura mimitian, tuluy maju ngurilingan altar.
Gusti teh Allah abdi. Abdi muji sukur ka Gusti. Abdi bade ngabewarakeun kaagungan Gusti.
Haturkeun nuhun ka PANGERAN, Mantenna sae ka urang, asih-Na langgeng.