Jabur 119
Bagja jalma anu hirupna taya celana, sarta ngalampahkeun hukum PANGERAN.
Bagja jalma anu gumati kana parentah-Na, sarta ta’at ka Mantenna sagemblengna hate.
Maranehna moal nyieun kajahatan, hirupna nurutkeun jalan PANGERAN.
Gusti ka abdi-abdi maparin hukum-hukum, nun PANGERAN, sangkan diestokeun kalawan satia.
Mugi abdi sing tiasa tigin satia ngalakonan aturan-aturan Gusti.
Saupami abdi ngesto kana hukum-hukum Gusti, tangtos moal nandangan kaera.
Waktos hukum-hukum Gusti nu adil tea diaji, abdi teh leres-leres muji ka Gusti.
Abdi sumeja ta’at kana hukum-hukum Gusti, Gusti ulah ngantunkeun.
Kuma kedahna malar hirupna budak ngora tetep beresih? Nya kedah tumut kana satimbalan Gusti.
Hate abdi mantep bade ngabdi ka Gusti, mugi ulah dugi ka teu nurut kana timbalan Gusti.
Hukum Gusti bade disimpen di jero hate, supados ulah dugi ka dosa ka Gusti.
Abdi muji ka Gusti, nun PANGERAN, jalan Gusti wulangkeun ka abdi.
Sadaya hukum paparin Gusti, ku abdi bade dibewarakeun deui.
Ngalakonan timbalan-timbalan Gusti, bingahna lir gaduh rupi-rupi rajabrana.
Pituduh-pituduh Gusti sumeja dilenyepan, piwulang-piwulang Gusti bade diaji.
Abdi resep kana hukum-hukum Gusti, sareng moal hilap-hilap kana timbalan-timbalan Gusti.
Abdi Gusti, nyuhunkeun piwelas, sangkan hirup sareng tiasa ngestokeun piwulang.
Panon abdi beuntakeun, supados ningal kana kayaktian hukum Gusti anu narik ati.
Abdi di dunya teh moal lami, hukum-hukum Gusti ulah dibuni-buni.
Hate gering kabungbulengan, hoyong terang saban waktos kana pangadilan Gusti.
Gusti negor ka jalmi nu adigung, nyapa ka nu ingkar tina parentah.
Bebaskeun abdi tina panghina sareng pamoyok maranehna margi ngesto kana aturan-aturan Gusti.
Para pangereh barempug ngalawan ka abdi, nanging abdi mah bade ngulik piwulang Gusti.
Pituduh-pituduh Gusti pikaresepeun, sadayana lir jurunasehat abdi.
Abdi ngagoler dina lebu, mugi dipulihkeun sakumaha jangji Gusti.
Abdi parantos ngaku kalakuan, Gusti oge parantos ngawaler, ajar abdi hukum-hukum Gusti.
Paparin abdi ngartos kana hukum-hukum Gusti, piwulang Gusti anu narik ati seja dilenyepan.
Abdi parantos kateter ku kasusah, mugi ditegerkeun sakumaha jangji Gusti.
Tebihkeun abdi tina jalan anu lepat, demi kasaean Gusti, abdi wulang hukum-hukum Gusti.
Abdi parantos milih bade ta’at, bade mentingkeun pangadilan Gusti.
Abdi parantos tumut kana piwulang-piwulang, nun PANGERAN, mugi ulah dugi ka nandangan kaera.
Kalayan suka abdi bade tumut kana timbalan margi ku Gusti tangtos dikersakeun langkung ngarti.
Nun PANGERAN, pihartoseun hukum-hukum Gusti teh wulangkeun, tangtos ku abdi ditumutkeun salamina.
Hukum Gusti teh terangkeun, tangtos ku abdi diturut, bade dilakonan leres-leres.
Mugi abdi tiasa junun kana hukum Gusti, margi nya ku eta abdi ngarasa bagja.
Mugi abdi gaduh kahayang kana ngalampahkeun hukum Gusti sing langkung ti hayang beunghar.
Mugi abdi ulah dugi ka mikahayang anu taya pigunaeunana, paparin kasaean, sakumaha jangji Gusti.
Teguhkeun jangji Gusti ka abdi, jangji anu dijangjikeun ka sakur anu nurut ka Gusti.
Raksa abdi tina panghina kasieun abdi, estu aheng pangadilan Gusti!
Abdi seja ta’at kana timbalan-timbalan, paparin hirup anyar, margi Gusti teh adil.
Tembongkeun kaasih Gusti ka abdi, nun PANGERAN, abdi salametkeun sakumaha jangji Gusti.
Sangkan abdi tiasa ngajawab ka anu ngahina pedah abdi percaya kana dawuhan Gusti.
Sing tiasa abdi teh ngucapkeun hal anu leres, margi ngaharep kana pangadilan Gusti.
Abdi bade ngestokeun hukum Gusti, teras-tumeras, sapapaosna.
Tangtos hirup abdi tiasa bebas lugina, margi parantos ihtiar seja tumut kana piwulang Gusti.
Aturan-aturan Gusti bade diembarkeun ka raja-raja, abdi moal era-era ngembarkeunana.
Abdi malah resep ngalakonan eta aturan-aturan, tur kalintang mikacintana.
Abdi hormat sareng cinta kana eta aturan-aturan, pituduh-pituduhna bade dilenyepan.
Mugi Gusti emut kana jangji ka abdi Gusti, eta jangji teh ngahudang harepan abdi,
anu jadi pangbeberah nalika abdi sangsara, nya jangji eta jadi lantaran abdi hirup.
Sakumaha dihinana ge ku anu aradigung, abdi teu lesot-lesot ti hukum Gusti.
Abdi emut kana eta hukum anu parantos aya ti kapungkur, sarta kalilipur ku eta, nun PANGERAN.
Abdi sok geregeteun ka anu jarahat, lantaran maranehna ngalanggar hukum Gusti.
Sapanjang hirup abdi anu pondok di dunya, aturan-aturan Gusti ku abdi didamel lalaguan.
Ari wengi abdi sok emut ka Gusti, nun PANGERAN, sareng sok mikiran hukum Gusti.
Tumut kana aturan-aturan Gusti, karaos bagjana ku abdi.
Mung Gusti nu jadi kahayang abdi, nun PANGERAN, abdi jangji bade ngestokeun hukum Gusti.
Sanget-sanget abdi nyuhunkeun piwelas, sakumaha jangji Gusti tea.
Abdi parantos mikiran kalakuan, sareng jangji bade tumut kana aturan Gusti.
Moal diengkekeun deui, gilig bade ngesto kana aturan Gusti.
Anu jarahat masangan pitapak, nanging abdi teu hilap kana hukum Gusti.
Tengah wengi abdi sok nyaring, teras muji hukum-hukum Gusti nu adil.
Abdi teh batur jalmi-jalmi anu ngabdi ka Gusti, anu narurut kana hukum Gusti.
Nun PANGERAN, bumi teh pinuh ku satia asih Gusti, aturan-aturan Gusti wulangkeun ka abdi.
Gusti parantos nedunan jangji, nun PANGERAN, sakitu saena ka abdi Gusti.
Mugi abdi dipaparin hikmat sareng pangarti, margi gilig percanten kana timbalan Gusti.
Memeh kenging hukuman abdi teh sasab, nanging ayeuna mah ngesto kana pangandika.
Gusti teh bageur, sakitu saena! Katangtosan-katangtosan Gusti wulangkeun ka abdi.
Nu arangkuh ka abdi mitenah, nanging abdi sakuat-kuat nurut kana aturan Gusti.
Maranehna teu ngalartieun kana hukum Gusti, nanging abdi mah malah bagja ku eta.
Abdi dihukum teh sae jadina, jadi diajar perkawis aturan-aturan Gusti.
Keur abdi mah hukum-hukum Gusti teh langkung utami ti batan harta di dunya.
Gusti anu ngajadikeun abdi kalayan nyalametkeunana, mugi maparin pangarti, sangkan abdi tiasa diajar hukum-hukum Gusti.
Anu alajrih ka Gusti, naringal kalakuan abdi teh tangtos sarenangeun, dumeh abdi percaya kana jangji Gusti.
Nun PANGERAN, abdi terang, putusan Gusti teh adil, pangna ngahukum ka abdi teh ku margi Gusti sipat satia.
Eta welas asih Gusti teh mugia jadi panglipur, luyu sakumaha jangji ka abdi Gusti.
Sing hawatos, supados abdi hirup, margi abdi resep kana hukum Gusti.
Mugi nu aradigung teh sing areraeun ku lantaran pitenahna ka abdi; sawangsulna abdi mah bade ngalenyepan hukum Gusti.
Mugi sugri nu alajrih ka Gusti, sareng nu tarerangeun kana aturan Gusti, darongkap ka abdi.
Mugi abdi leres-leres nurut kana aturan-aturan Gusti, sareng ulah dugi ka nandangan erana kasoran.
Abdi parantos lungse ngantos-ngantos disalametkeun, nun PANGERAN, jangji Gusti kalintang diarep-arepna.
Panon parantos cape nyileuk jangji Gusti bari tumanya, "Iraha Gusti bade nulungan teh?"
Diri abdi taya gunana, sapertos kirbat butut, nanging kana aturan-aturan Gusti mah teu hilap-hilap.
Sabaraha lamina deui abdi kedah ngarep-ngarep? Iraha bade dihukumna anu nyangsara abdi?
Nu aradigung, nu teu narurut kana hukum Gusti, parantos ngali lombang jero naheunan abdi.
Sadaya aturan Gusti kenging diandelkeun; dupi abdi ku maranehna disangsara, digogoreng, mugi ditulungan!
Karep maranehna maehan abdi parantos meh hasil, nanging abdi tetep henteu ngalesotkeun parentah Gusti.
Demi satia asih Gusti, sing hawatos ka abdi sangkan abdi tiasa ngestokeun hukum Gusti.
Nun PANGERAN, pangandika Gusti teguh salalamina, langgeng abadi di sawarga.
Kasatiaan Gusti lumangsung sapanjang jaman. Gusti parantos ngadegkeun bumi, eta tetep aya.
Saniskara ge sadayana aya dugi ka kiwari, margi ku timbalan Gusti, margi sadayana ge eta teh abdi-abdi Gusti.
Upami sanes hukum Gusti nu jadi sumber kabagjaan abdi, tangtos abdi parantos tiwas ku kasangsaraan.
Abdi hamo lesot nyekel hukum Gusti, margi nya ku eta Gusti ngahirupan abdi.
Abdi teh kagungan Gusti, mugi disalametkeun, margi parantos satiasa-tiasa ta’at kana parentah Gusti.
Abdi diarah ku nu jarahat bade dipaehan, nanging tetep bade ngalenyepan hukum-hukum Gusti.
Abdi terang yen sagala rupi aya watesna, nanging aturan-aturan Gusti mah sampurna.
Kumaha cintana abdi kana hukum Gusti, sadinten jeput kaemut-emut.
Parentah Gusti salamina aya dina pikiran, ngalantarankeun abdi jadi leuwih bijaksana ti batan musuh.
Pangarti abdi ngalangkungan guru-guru sorangan, margi sok ngaji aturan-aturan Gusti.
Abdi gaduh hikmat anu langkung ti batan jalmi karolot, margi nurut kana parentah-parentah Gusti.
Hirup abdi pantrang kana lampah jahat, margi hayang nurut kana pangandika Gusti.
Abdi henteu ingkar tina parentah-parentah Gusti, margi nya Gusti anu jadi guru abdi.
Dawuhan Gusti amis karaosna, langkung amis batan madu.
Tina hukum-hukum Gusti abdi kenging hikmah, sareng jadi ceuceub kana sagala kalakuan awon.
Pangandika Gusti teh lampu pikeun abdi, sinar caang nu nyaangan jalan abdi.
Abdi bade satia nyekel ikrar jangji yen bade nurut kana parentah-parentah Gusti.
Kasangsaraan abdi, nun PANGERAN, pikasieuneun, raksa hirup abdi, sakumaha jangji Gusti.
Tampi paneda pamuji sukur abdi, nun PANGERAN, sareng wulangkeun ka abdi parentah-parentah Gusti.
Abdi salamina naruhkeun nyawa; nanging kana hukum Gusti tara hilap.
Abdi ditaheunan ku jalma-jalma jahat, nanging henteu ingkar tina parentah Gusti.
Timbalan-timbalan Gusti teh milik abdi anu langgeng, anu jadi kabagjaan hate.
Tekad abdi bade tumut kana hukum-hukum dugi ka dintenan maot.
Abdi cinta kana hukum Gusti, sareng ceuceub ka anu kirang satia ka Gusti.
Gusti teh papayung sareng panyalindungan abdi, jangji Gusti jadi pangharepan abdi.
Nyalingkir ka ditu, he anu jarahat! Sabab kami rek ta’at kana parentah Allah kami.
Abdi pasihan kakiatan sakumaha jangji Gusti, tangtos abdi bakal hirup, pangharepan abdi ulah dugi ka gaplah.
Cepeng abdi sangkan salamet, sareng tiasa merhatikeun parentah Gusti sapapaosna.
Gusti nolak sakur anu nyimpang tina hukum Gusti, tipu daya maranehna mo aya paedahna.
Nu jarahat ku gusti didamel sapertos runtah, kitu margina abdi cinta kana aturan-aturan Gusti.
Abdi ngarasa sieun ku Gusti, ngarasa gimir ku putusan-putusan Gusti.
Abdi parantos ngalampahkeun anu bener sareng nu sae, mugi ulah diselehkeun ka musuh!
Mugi jangji yen bade nulungan ka abdi Gusti, ulah dugi ka nu arangkuh teh ngagencet ka abdi.
Cape panon balas ngantos pitulung pisalameteun ti Gusti, ngantos dibebaskeun sakumaha jangji Gusti.
Mugi abdi dipidamel anu luyu sareng satia asih Gusti, sareng mugi diwulang hal parentah Gusti.
Abdi teh gandek Gusti, mugi dipaparin pangarti, sangkan paham kana piwulang Gusti.
Parantos dongkap mangsana Gusti nindak jalmi-jalmi anu ngarempak hukum-hukum Gusti.
Abdi cinta kana parentah-parentah Gusti langkung ti batan ka emas, ti batan ka emas nu pangkolotna.
Eta margina pangna abdi nyepeng aturan-aturan Gusti, mikaijid kalakuan anu serong.
Piwulang-piwulang Gusti narik ati, kitu margina bade leres-leres diestokeun.
Katerangan piwulang Gusti teh mere caang, ku anu bodo ge kahartos.
Bawaning kangen kana parentah Gusti, ambekan abdi dugi ka ngangseg.
Lieuk abdi, mugi aya piwelas, sakumaha Gusti parantos miwelas ka nu cinta ka Gusti.
Tegerkeun abdi ulah dugi ka rubuh, sakumaha jangji Gusti, ulah dugi ka eleh ku kajahatan.
Luputkeun abdi ti nu ngagencet, sangkan tiasa ngestokeun parentah Gusti.
Berkahan abdi, sarengan sareng wurukan hal hukum-hukum Gusti.
Abdi ceurik banjir cipanon, ningal jalmi-jalmi teu ngestokeun hukum Gusti.
Gusti teh adil, nun PANGERAN, hukum-hukum Gusti sadayana saestu.
Aturan-aturan anu dipaparinkeun teh, estu adil tur sayakti.
Amarah abdi lir seuneu ngagedur, lantaran musuh-musuh nyapirakeun parentah-parentah Gusti.
Jangji-jangji Gusti teh estu pasti, ka eta abdi teh cinta.
Abdi teh nya hina nya laip, nanging teu nyapirakeun piwulang-piwulang Gusti.
Kaadilan Gusti nanjeur salamina hukum-hukum Gusti bener sapapaosna.
Abdi pinuh ku kasusah sareng kapaur, nanging jadi janglar ku parentah-parentah Gusti.
Aturan-aturan Gusti salamina adil, mugi sing kahartos ku abdi, sangkan abdi hirup.
Kalayan hate gembleng abdi sasambat, waleran, nun PANGERAN! Parentah Gusti tangtos ku abdi diestokeun.
Abdi sasambat, salametkeun, abdi tangtos mupusti hukum Gusti.
Ti memeh pajar meletek, abdi nyambat pitulung, ngarep-ngarep laksanana jangji Gusti.
Sawewengi abdi teu weleh nyaring, napakuran aturan-aturan Gusti.
Demi satia asih Gusti, dangukeun abdi, nun PANGERAN, sing aya piwelas, tangtayungan nyawa abdi.
Jalmi-jalmi telenges anu ngagencet ka abdi, anu tara malire kana hukum Gusti, sakedap deui ge darongkap, beuki deukeut.
Nanging Gusti aya caket abdi, nun PANGERAN, sarta parentah-parentah Gusti tetep ayana.
Parantos lami abdi diajar aturan-aturan Gusti, eta sadayana diayakeunana ku Gusti keur salalanggengna.
Tingali kabalangsakan abdi, mugi abdi disalametkeun margi teu ingkar tina hukum Gusti.
Mugi perkawis abdi dibela, mugi abdi dibebaskeun, salametkeun, sakumaha jangji Gusti.
Nu daroraka tangtos moal disalametkeun, margi henteu ngestokeun hukum Gusti.
Welas asih Gusti ageung pisan, nun PANGERAN, mugi welas ka abdi, mugi abdi disalametkeun.
Musuh sareng anu ngagencet ka abdi teh seueur pisan, nanging abdi teu weleh ta’at kana hukum-hukum Gusti.
Kacida geuleuhna abdi ka eta nu harianat teh? lantaran maranehna henteu ngalampahkeun parentah Gusti.
Tingali, kumaha cintana abdi kana aturan-aturan Gusti, tulungan abdi, nun PANGERAN, demi welas asih Gusti anu tara gingsir.
Jiwa hukum-hukum Gusti nya eta kayaktian, sarta kaadilan putusan-putusan Gusti sadayana langgeng.
Jalmi-jalmi anu karawasa narajang abdi tanpa sabab, nanging kasieun abdi mah hukum Gusti.
Abdi kacida ngarasa bagjana ku jangji Gusti, atoh sapertos jalmi anu manggih pependeman.
Abdi ceuceub sareng geuleuh kana bohong, sawangsulna cinta kana hukum Gusti.
Tujuh kali sadintenna abdi muji sukur ka Gusti, ku adilna putusan-putusan Gusti.
Anu cinta kana hukum Gusti, kaamanana reugreug, moal aya naon-naon anu bisa ngabahyakeun maranehna.
Abdi ngantos disalametkeun, nun PANGERAN, parentah-parentah Gusti parantos dilampahkeun.
Abdi ta’at kana piwulang-piwulang Gusti, leres-leres abdi cinta ka eta.
Parentah sareng aturan Gusti parantos dilampahkeun; sagala kalakuan abdi tangtos ku Gusti katingali.
Mugi panyambat abdi dongkap ka Gusti, nun PANGERAN, abdi nyuhunkeun pangarti, sakumaha jangji Gusti.
Dangukeun paneda abdi, salametkeun abdi, sakumaha jangji Gusti.
Salamina abdi bade muji ka Gusti, lantaran parantos diwulang perkawis hukum-hukum Gusti.
Abdi seja nganyanyikeun hukum Gusti, margi parentah-parentah Gusti teh adil.
Gusti salamina tangtos kersa nulungan abdi, margi abdi ngestokeun parentah Gusti.
Abdi kumejot hayang salamet ku pitulung Gusti, nun PANGERAN, tur ngaraos bagja hirup dina hukum Gusti.
Pasihan abdi hirup, supados muji ka Gusti mugi aturan-aturan Gusti teh sing nulung ka abdi.
Abdi sapertos domba sasab apruk-aprukan, mugi abdi Gusti teh pilarian, ku margi tara ingkar tina hukum-hukum Gusti.