:

Jabur 12

1

Pikeun pamingpin biduan. Laguna kawas nu kadalapan. Jabur Daud. (12-2) Duh PANGERAN, abdi-abdi tulungan! Parantos seep jalmi nu sae, parantos suwung jalmi nu jujur.

2

(12-3) Manusa gawena silih bobodo, silih tipu ku omong pangoloan.

3

(12-4) Eureunkeun omong pangoloanana, nun PANGERAN! Bungkemkeun sungutna nu gede omong.

4

(12-5) Carekna, "Sagala kahayang urang nu diucapkeun, beunang. Hayang naon ge tinggal nyebutkeun, moal aya nu bisa ngahalang-halang."

5

(12-6) Tapi dawuhan PANGERAN, "Ayeuna keneh Kami rek datang, karunya ka nu dikaniaya, kana jeritna kanyeri nu dikakaya, sina talengtrem nu jadi harepanana."

6

(12-7) Jangji PANGERAN bisa dipercaya kabeh murni lir perak beunang nguji tujuh kali dina parapen.

7

(12-8) Jalma jahat aya di mana-mana saban jalma mupunjung kagorengan. Tangtayungan abdi sadaya, nun PANGERAN, raksa ti jalma anu karitu.

8

(12-9) (12:7)

Link: