:

Jabur 11

1

Pikeun pamingpin biduan. Jabur Daud. Kaula nyalindung ka PANGERAN. Taya gunana omongan anjeun ka kaula, anu majar, "Geura kabur ka gunung, nurutan manuk,

2

sabab si murka geus mentang gondewa, jamparingna geus dikeceng, diincerkeun ti nu poek ka jalma nu bener.

3

Lamun kabeh enggeus burak-barik, jelema bener moal bisa nanaon deui."

4

PANGERAN aya di Bait-Na anu suci, tahta-Na aya di sawarga. Soca-Na ngawaskeun manusa di mana-mana, uninga ka sakur laku lampahna.

5

Mantenna nguji, boh ka nu bener boh ka nu jahat, Mantenna ijid ka jalma anu ingkar ti hukum.

6

Anu jahat ku Mantenna dihujanan ruhak jeung walirang, ditarajang ku panas nereptep.

7

PANGERAN teh maha adil, nyaah ka nu hade lampah, anu harade lampah, hirup di payuneuna-Na.

Link: