Pikeun pamingpin biduan. Jabur Daud. Ceuk anggapan nu garejul mah, "Allah teh euweuh." Eta sababna pangna kalakuanana jahat, laku lampahna goreng kabina-bina, saurang ge euweuh nu migawe bener.
2
PANGERAN ti sawarga ningalikeun bumi, nenget-nenget umat manusa, nitenan, sugan aya keneh anu bijaksana, sugan aya nu ibadah ka Mantenna.
3
Horeng geus garoreng kabeh, taya piliheunana, kabeh sarua gorengna. Saurang ge taya nu migawe bener, teu saurang-urang acan.
4
"Teu nyarahoeun, kitu?" PANGERAN mariksa. "Geus arembung nganyahokeun kabeh eta nu jarahat teh? Gawena ngarampogan umat Kami, jeung euweuh anu daek neneda ka Kami."
5
Tapi engke maranehna bakal tagiwur, sabab Allah teh nyarengan ka sakur anu nurut ka Mantenna.
6
Anu jarahat teh ngareuntaskeun pakarepan jalma laip, tapi nu laip teh nyalindungna ka PANGERAN.
7
Kami banget neneda, kaunggulan sing datang ka Israil ti Sion. Tada teuing bungahna engke urang Israil lamun kaayaanana geus dipulihkeun ku PANGERAN!