:

Jabur 15

1

Jabur Daud. Nun PANGERAN, saha anu diwidian marek ka Bait Gusti? Saha anu kenging ngabakti di Sion, gunung suci Gusti?

2

Nya eta anu dina sagala hal tuhu ka Allah, anu salawasna migawe nu bener, jujur satarabasna dina nyarita;

3

jalma nu tara mitenah, ka batur tara hasud, tara ngagogoreng tatangga.

4

Mikacua jalma anu ditolak ku Allah, ngajenan ka nu satuhu ka PANGERAN. Kana jangji tara jalir sanajan matak rugi ka dirina.

5

Mun nginjeumkeun tara ngarah bati, tara daek disogok sina nyilakakeun nu teu salah. Jalma nu kitu lampahna bakal tengtrem salawasna.

Link: