:

Jabur 150

1

Puji PANGERAN! Puji Allah di jero Bait-Na! Puji pangawasa-Na di sawarga!

2

Puji padamelana-Na anu rarongkah, puji kaagungana-Na anu unggul.

3

Puji Mantenna ku sora tarompet, puji ku sora kacapi jeung gambus.

4

Puji Mantenna ku sora kendang jeung ku igel, puji ku sora kacapi jeung suling.

5

Puji Mantenna ku sora kolonangna genta puji ku sora kelenengna lonceng.

6

He sakur mahluk hirup, puji PANGERAN! Puji PANGERAN!

Link: