:

Jabur 149

1

Puji PANGERAN! Nyanyikeun lagu anyar pikeun PANGERAN, puji Mantenna dina pagempungan umat-Na anu satia!

2

Mangka suka, Israil, ku karana Khalik maneh; mangka gumbira, urang Sion, ku karana raja maraneh!

3

Puji jenengana-Na ku igel, puji Mantenna ku terebang jeung kacapi.

4

PANGERAN ngaraos suka ka umat-Na; nu rendah hate ku Mantenna dihormat, dipaparin kaunggulan.

5

Umat Allah mangka gumbira lantaran geus jaya, mangka gerah sarta nyaranyi sapeuting jeput.

6

Sina surak masing tarik maruji ka Allah, bari nyarekel pedang seukeut,

7

geusan ngelehkeun bangsa-bangsa, geusan ngahukum jalma-jalma;

8

geusan ngabarogod raja-rajana ku rante, geusan ngabarogod para pamingpinna ku rante beusi,

9

geusan ngahukum bangsa-bangsa sakumaha parentah Allah. Ieu teh kaunggulan umat Allah. Puji PANGERAN!

Link: