Paneda Daud. Nun PANGERAN, dangukeun, abdi nyuhunkeun kaadilan, mugi kersa merhatoskeun, abdi jumerit nyuhunkeun tulung! Dangukeun doa abdi anu iklas.
2
Belaan perkara abdi, reh Gusti tingali ka nu bener.
3
Gusti uninga kana eusi hate abdi; Gusti sumping wanci wengi, diri abdi ku Gusti parantos ditaliti, kapendak teu aya kahayang awon. Abdi tara nurut kana timbalan Gusti
4
sapertos nu sanes. Abdi nurut kana timbalan Gusti sareng tara nganggo kakerasan.
5
Salamina mung nyorang jalan Gusti, tara pisan mengpar ti dinya.
6
Abdi sasambat, nun Allah, margi tangtos Gusti ngawaler, mugi kersa nolih, dangukeun paneda abdi.
7
Nun PANGERAN, pintonkeun kaasih Gusti nu agung, abdi salametkeun; caket ka Gusti mah abdi aman ti musuh-musuh.
8
Jagi abdi lir ka soca ku manten, sumputkeun dina kalangkang jangjang Gusti,
9
sangkan teu ditarajang ku nu jahat. Abdi dikepung ku musuh nu rek maehan,
10
nu taya pisan rasrasanana, ucap-ucapanana takabur.
11
Ayeuna abdi katingker, didodoho ti sakuriling bade digusur.
12
Maranehna lir singa nu bade nekuk, rek nyasaak awak abdi.
13
Enggal, nun PANGERAN! Lawan musuh-musuh abdi, elehkeun! Luputkeun abdi ti nu jarahat ku pedang Gusti,
14
luputkeun abdi ti maranehna, anu hirupna parantos kacumponan kahayangna. Hukum maranehna, ku kasangsaraan anu ku Gusti parantos diajangkeun keur maranehna sing cekap kasangsaraanana teh keur anak-anakna ongkoh, malah sing aya langkungna keur ngahukum incu-incuna.
15
Dupi abdi ku margi teu lepat, tangtos bakal ningal Gusti, sareng waktos hudang tangtos ngarasa senang da Gusti aya ngabanding.