:

Jabur 16

1

Jabur Daud. Raksa abdi, nun Allah, da abdi nyalindung ka Gusti.

2

Kaula unjukan ka PANGERAN, "Gusti teh PANGERAN abdi; sadaya pitulung ti Gusti asalna."

3

Ku utama umat anu satia ka Allah! Kaula pangresepna reureujeungan jeung maranehna.

4

Anu muru allah-allah sejen, geus tangtu susah sorangan. Kaula embung miluan kana kurbanna, embung milu nyembah ka allah-allahna.

5

Kagaduh abdi mah mung salira Gusti, nun PANGERAN. Pangabutuh abdi nya Gusti nu nyekapan, pati hurip abdi nya Gusti nu nyepengna.

6

Pangasih Gusti ka abdi estu matak helok, taya babandinganana.

7

Kaula muji sukur ka PANGERAN, reh ku Mantenna dituyun, ari ti peuting sanubari teh ngingetan.

8

Kaula salawasna eling di payuneun PANGERAN, Mantenna teh deukeut, teu aya nu matak rentag.

9

Jadi hate abdi ngarasa sukur, bungah, sarta ngarasa kacida tengtremna,

10

reh ku Gusti dijaga tina kawasa ajal. Abdi satuhu ngawula ka Gusti, ku Gusti moal diselehkeun ka dunya anu maraot.

11

Gusti baris nuduhan jalan anu brasna kana hirup; aya di payuneun Gusti hate pinuh ku kabingahan, sareng kasenangan salalamina.

Link: