Naon sababna bangsa-bangsa rek bararontak? Ku naon jalma-jalma nyarieun rarancang tanpa guna?
2
Raja-rajana barontak para pangerehna sakait rek ngalawan ka PANGERAN, jeung ka raja pamilih Mantenna.
3
Aromongna, "Hayu urang ngabebaskeun maneh tina kawasana, urang piceun belengguna."
4
Ti tahta-Na di sawarga, PANGERAN gumujeng, pepetaan maranehna disapirakeun.
5
Geus kitu Mantenna nyentak, wera ka maranehna, ngarencodkeun maranehna ku amarah-Na.
6
Mantenna ngadawuh, "Kami geus ngangkat hiji raja di Sion, gunung suci Kami!"
7
"Kami rek nguarkeun," saur raja, "nu geus jadi putusan PANGERAN. Kieu dawuhan Allah ka kami, ‘Hidep teh putra Kami; poe ieu pisan hidep ku Kami digelarkeun.
8
Pok penta ka Kami, eta sakabeh bangsa teh, tangtu baris diselehkeun ka hidep, sarta sakuliah jagat nya hidep anu boga.
9
Pek geura parentah ku iteuk beusi, pasti maranehna ajur remuk jeg pariuk peupeus.’"
10
Ku sabab kitu, he para raja, masing daek ngarti, kitu keneh anu nyarekel kakawasaan, tarima ieu pepeling!
11
Sing ibadah ka PANGERAN, kalawan sieun, geura sumujud ka Mantenna bari gumeter.
12
(2-11b) Sabab lamun teu kitu tangtu Mantenna bendu; aranjeun tangtu tiwas. Bagja sing saha anu nyalindung ka Mantenna!