:
1 Nya bagja jalma anu nolak pangajak jalma jahat, anu teu kabaud kana laku teu puguh, teu kabawakeun ka anu sok nyapirakeun Allah.
2 Sabalikna resep nurut kana Hukum PANGERAN, bari diulik beurang peuting.
3 Jelema anu kitu ibarat tangkal nu jadi di sisi walungan, dina usumna tangtu buahan, daunna ge moal aya alumna, sapanejana tangtu tinekanan.
4 Sabalikna jelema jahat, kaayaanana jeg huut katiup angin.
5 Jalma jahat ku Allah tangtu dihukum, jeung dipisahkeun ti umat-Na.
6 Jalma bener, diraksa jeung dijaga ku PANGERAN, sabalikna jalma jahat mah nuju kana kamusnaan.