:

Jabur 24

1

Jabur Daud. Bumi katut saeusina, alam katut nu nyicinganana, kabeh kagungan PANGERAN.

2

Eta ku Mantenna diadegkeun di luhureun cai jero handapeun bumi pademenna dipasang dina dasar sagara.

3

Saha nu meunang unggah ka pasir kagungan PANGERAN? Saha nu meunang asup ka Bait-Na nu suci?

4

Nu kaidinan teh sakur nu hade lampahna, wening hatena, tara nyembah ka berhala, cadu kana jangji palsu.

5

Nu kitu baris diberkahan jeung disalametkeun ku PANGERAN, dinyatakeun taya dosana ku Allah.

6

Nya jalma nu kitu nu ngadeuheus ka Allah teh, datang marek ka hadirat Allah panutan Yakub.

7

Geura buka eta gapura-gapura, lawang-lawang kahot teh polongo-polongokeun, sabab Raja nu agung rek lebet.

8

Saha eta Raja nu agung teh? PANGERAN, anu digjaya sarta perkasa. PANGERAN, anu jaya dina perang.

9

Geura buka eta gapura-gapura, lawang-lawang kahot teh polongo-polongokeun, sabab Raja nu agung rek lebet.

10

Saha eta Raja nu agung teh? PANGERAN Nu Maha Unggul. Mantenna Raja nu agung teh.

Link: