Jabur 25
Jabur Daud. Ka Gusti, PANGERAN, abdi ngadongkapkeun panyambat,
ka Gusti abdi ngaharep, nun Allah panutan. Tebihkeun abdi tina nandangan erana kasoran, ulah dugi ka dipupuas ku musuh!
Kasoran mah sanes bagian jalmi anu ngarep ka Gusti, nanging bagian anu ngaralawan ka Gusti.
Tuduhkeun ka abdi jalan Gusti, nun PANGERAN, sangkan abdi terang.
Wurukan abdi hal hirup nurutkeun pangersa Gusti, reh Gusti teh Allah anu nyalametkeun abdi, abdi salamina ngaharep ka Gusti.
Sing emut kana kasaean sareng satia asih Gusti, nun PANGERAN, nu parantos dipaparinkeun ku Gusti ti kapungkur keneh.
Dosa sareng kalepatan abdi keur ngora mugi dihapunten. Sing emut ka abdi, nun PANGERAN, ku karana satia asih sareng kasaean Gusti.
Sabab PANGERAN teh saestu tur jembar manah, kersa nuduhan jalan ka anu garaduh dosa.
Nu rarendah hate ku Mantenna dituyun kana jalan bener, diwulang sina terang kana pangersa-Na.
Kalayan satia jeung asih Mantenna nuyun ka nu nyarekel perjangjian jeung timbalana-Na.
Mugi emut kana jangji, nun PANGERAN, hapunten dosa-dosa abdi anu sakitu seueurna.
Sing saha anu ajrih ka PANGERAN, ku Mantenna baris dibere nyaho jalan sorangeunana.
Maranehna salawasna bakal bagja hirupna, anak incuna bakal ngabogaan tanah pusaka.
PANGERAN misobat ka anu nurut ka Mantenna, perjangjiana-Na ka maranehna bakal diteguhkeun.
Kaula tetep melong ka PANGERAN, menta pitulung-Na seug ku Mantenna diluputkeun tina bahaya.
Teuteup abdi, nun PANGERAN, sing hawatos, abdi teh nya nunggelis nya hengker.
Luputkeun abdi tina sagala karisi, jait tina karurupek.
Parios kaprihatinan sareng kasesah abdi, hapunten sadaya dosa abdi.
Tingali, musuh abdi sakitu seueurna sareng sakitu ijideunana.
Tangtayungan abdi, tulungan, sangkan ulah kasoran. Nya ka Gusti abdi neda pitulung.
Mugia kabageuran sareng kajujuran abdi jadi jalan pisalameteun, ku margi ngaharep ka Gusti.
Nun Allah, mugi Israil dijait, leupas tina sagala kasangsaraanana.