:

Jabur 29

1

Jabur Daud. He mahluk-mahluk sawarga, agungkeun PANGERAN, agungkeun kamulyaan jeung kakawasaana-Na.

2

Mulyakeun jenengana-Na nu agung, kudu marendek di payuneun Nu Maha Suci, lamun Anjeunna sumping.

3

Gentra PANGERAN kadenge di lautan, Allah nu langkung mulya gentra-Na gumuruh, soanten-Na handaruan minuhan sagara.

4

Gentra PANGERAN kadenge, pinuh ku pangawasa, pinuh ku wibawa.

5

Gentra PANGERAN ngaruntuhkeun tangkal-tangkal kiputri, malah ngarungkadkeun kiputri Libanon.

6

Gunung Libanon ku Mantenna nepi ka ngajret siga anak sapi, Gunung Hermon ngajaul lir anak banteng.

7

Gentra PANGERAN ngabijilkeun kilat anu nyamber,

8

soanten-Na ngoyagkeun gurun keusik, ngendagkeun gurun Kades.

9

Gentra PANGERAN ngoyagkeun tangkal-tangkal kiara, dangdaunan murubut, tangkalna mani purutul, tapi nu araya di Bait Allah mah ngagero, "Mulyakeun Allah!"

10

PANGERAN murba ka sakabeh cai jero, jumeneng raja salalanggengna.

11

PANGERAN maparin kakuatan ka umat-Na, maparin berkah kasantosaan.

Link: