Jabur Daud. Nun PANGERAN anu ngabela ka abdi, abdi sasambat ka Gusti, mugi dangukeun! Margi upami Gusti tetep teu kersa ngawaler, abdi teh moal beda ti nu geus dikubur.
2
Mugi didangu upami abdi sasambat, nyuhunkeun pitulung, upami abdi nadahkeun leungeun ka Bait Gusti anu suci.
3
Mugi abdi ulah dihukum sareng anu daroraka, sareng anu kalakuanana jarahat, jalmi-jalmi anu ucapna lumah-lameh nanging hatena pinuh ku dengki.
4
Mugi kajahatan sareng kalakuan maranehna kitu teh dihukum. Hukum sagala paningkahna, satimpal sareng kajahatanana.
5
Maranehna tara malire kana padamelan PANGERAN, kitu deui kana sagala anu ku Mantenna geus dipidamel. Maranehna ku Gusti tangtu dihukum, dimusnakeun salalawasna.
6
Sagala puji sanggakeun ka PANGERAN, Mantenna kersa ngadangu panyambat panuhun kaula.
7
PANGERAN anu ngabela jeung ngaraksa kaula, ka Mantenna kaula percaya. Mantenna nyukakeun kaula ku pitulung-Na, kaula pupujian, muji Mantenna.
8
PANGERAN ngabela umat-Na, ngabela jeung ngaraksa raja kenging-Na milih.
9
Jait umat Gusti, nun PANGERAN, sareng umat kagungan teh berkahan. Sing sapertos pangangon, kersa ngajagi ka maranehna salalamina.