Jabur 31
Pikeun pamingpin biduan. Jabur Daud. (31-2) Abdi dongkap bade nyalindung, nun PANGERAN, bade nyuhunkeun ulah dugi ka eleh. Gusti teh Allah nu adil, mugi kersa nyalametkeun abdi.
(31-3) Dangukeun! Enggal abdi tulungan! Sing kersa disalindungan, sing kersa dipuntangan. Salametkeun abdi.
(31-4) Gusti teh benteng panyalindungan. Tuyun abdi, tungtun, sakumaha jangji Gusti.
(31-5) Tebihkeun tina tataheunan musuh, tangtayungan tina pibahlaeun.
(31-6) Abdi masrahkeun diri kana pangrawat Gusti. Gusti tangtos kersa nyalametkeun, Gusti teh Allah nu satia.
(31-7) Gusti ijid ka nu nyembah ka brahala, ngan abdi mah percaya teh ka Gusti.
(31-8) Tangtos abdi bingah, bagja ku kaasih Gusti Gusti tingali yen abdi teh sangsara, uninga yen abdi teh keur susah.
(31-9) Gusti teu ngantep abdi beunang ku musuh, dibebaskeun, laluasa tiasa ka mana-mana.
(31-10) Sing hawatos ka abdi nu kasesahan, nun PANGERAN, panon carindul balas ceurik awak parantos teu walakaya.
(31-11) Tanaga koredas seep ku susah, umur jadi singget balas ceurik. Awak lungse dikurubut ku kasusah ka tulang-tulang jadi raropoh.
(31-12) Ku musuh, malah ku tatangga pisan pada ngahina. Nu warawuheun ge jadi sarieuneun, mun pareng naringal abdi di pasampangan, mani geuwat ngararejat.
(31-13) Ngaranggapna ka abdi cara ka nu geus maot, abdi pada mopohokeun kawas barang anu parantos dipiceun.
(31-14) Kakuping musuh-musuh abdi tinggerendeng, di mana-mana mung pikasieun bae. Maranehna baroga karep jahat bade maehan abdi.
(31-15) Nanging abdi percaya ka Gusti, nun PANGERAN, Gusti teh Allah abdi.
(31-16) Abdi salamina aya dina panalingaan Gusti, luputkeun abdi ti musuh-musuh, ti jalma-jalma anu ngarudag.
(31-17) Sing hawatos ka abdi Gusti, mugi kersa mikaasih, kersa nyalametkeun abdi.
(31-18) Mugi abdi ulah diantep diera-era. Kitu panyambat abdi, nun PANGERAN. Sawangsulna musuh anu kedah meunang era, sina rarepeh tarurun ka dunyana nu paraeh.
(31-19) Sina baralem tukang-tukang bohong teh, nu sarombong, nu aradigung, purah ngahina jalma-jalma anu satemenna.
(31-20) Estu araheng kasaean-kasaean Gusti, anu disayagikeun pikeun jalmi-jalmi anu alajrih ka Gusti! Sadayana ge tarerangeun kumaha saena Gusti teh, kumaha leres-leresna Gusti nangtayungan ka jalmi-jalmi anu maruntangan.
(31-21) Maranehna aman disumputkeun dina aub-aub Gusti, aman tina pangarah jalma-jalma jahat, ku Gusti disingkurkeun, tebih tina panghina musuh-musuhna.
(31-22) Puji PANGERAN! Estu aheng asih-Na ka kaula waktu kaula keur dikepung jeung ditarajang ku musuh.
(31-23) Kaula geus sieun, sarta ceuk pikiran kaula teh geus diusir ti payuneuna-Na. Tapi geuning Mantenna kersaeun ngadangu waktu kaula nyambat pitulung-Na.
(31-24) Sing nyaraah ka PANGERAN, he sakabeh umat nu saratia! PANGERAN ngaraksa ka nu satuhu, tapi ngahukum ka nu arangkuh ku hukuman nu satimpal.
(31-25) Sing teguh, sing parengkuh hate, he sakur nu ngaharep ka PANGERAN!