:

Jabur 32

1

Jabur Daud. Lagu atikan. Bagja jalma anu dihampura dosana, anu diampun kasalahanana.

2

Bagja jalma anu kadorakaanana ku PANGERAN teu diasupkeun kana itungan, kitu deui jalma anu tara nipu.

3

Satungtung teu acan ngaku dosa, abdi kasiksa ku ceurik sadinten jeput.

4

Siang wengi ku Gusti dipeupeuhan, nun PANGERAN, awak taya tangan pangawasa, lir cireumis kaserot surya.

5

Ti dinya abdi teh wakca, teu ngilungan deui dosa. Sadaya kalepatan diangken, seug ku Gusti dihapunten.

6

Kitu margina dina waktos duka lara, umat Gusti nu satia kedah neneda, supados dina waktos caah kasusah datang maranehna teu katarajang.

7

Gusti teh tempat nyalindung. Mun abdi kenging pakewuh, Gusti anu nulung. Abdi surak muji unjuk nuhun, reh Gusti parantos nuyun.

8

Timbalan PANGERAN, "Ieu Kami papatah, keur pilampaheun maneh; Kami rek mere piwuruk jeung nasehat.

9

Ulah kawas kuda atawa bigal anu tuna akal, sangkan nurut kudu ditalian jeung dikadalian."

10

Jalma jahat tangtu meunang mamala, sabalikna anu ngandel ka PANGERAN, bakal ditangtayungan ku satia asih-Na.

11

He jalma-jalma saleh, masing barungah, masing suka ku padamelan PANGERAN! He nu narurut ka Mantenna, geura surak tandaning suka.

Link: