Jabur 35
Jabur Daud. Nun PANGERAN, abdi panglawankeun nu ngaralawan, pangmerangankeun anu merangan.
Anggo kepeng sareng baju beusi, pikeun nyalametkeun abdi.
Lempagkeun tumbak, ayunkeun kampak, megatan nu ngarudag, pintonkeun yen Gusti bakal nulungan!
Nu harayangeun maehan abdi teh elehkeun, hinakeun. Nu ngaralawan ka abdi teh undurkeun, bingungkeun.
Sing kawas huut katiup angin, upama engke dibeberik ku malaikat PANGERAN,
sing talag-tolog, sing solog santog, upama engke dicacar ku malaikat PANGERAN!
Teu puguh-puguh maranehna naheunan kaula, jeung nyarieun lombang jero keur ngaringkus kaula.
Tapi memeh maranehna engeuh, muga sing carilaka, sing beunang ku tataheunana sorangan, ragrag terus binasa.
Tangtu kaula atoh ku karana PANGERAN, suka ati lantaran ku Mantenna disalametkeun.
Kalawan hate anu gembleng kaula tangtu ngucap, "Saha nu ngungkulan Gusti, nun PANGERAN, nu ngajait nu lemah ti musuh nu leuwih rongkah, ngaluputkeun nu balangsak ti nu nyangsara?"
Kaula dituding ku saksi-saksi palsu, disangka nu lain-lain, anu kaula teu nyaho.
Kahadean kaula dipulang ku kagorengan, kaula geus samar polah samar rasa.
Tapi waktu maranehna garering, kaula teh nepi ka dibaju karung, dahar ge teu hayang, bari mangnedakeun mani ngelukkeun sirah.
Teu beda ti mangnedakeun nu jadi sobat, atawa dulur pet ku hinis; dibarung ku melang liwat saking, melang ibarat ka indung sorangan.
Tapi ari kaula meunang susah, maranehna anggur barungah, tingrariung ngageuhgeuykeun kaula, kaula dipoyok, disiksa ku deungeun-deungeun.
Maroyokanana mani kawas ka anu lumpuh, bari tingparerong pinuh ku kaijid.
Nun PANGERAN, sabaraha lamina deui mung bade ningalikeun bae teh? Jait abdi tina panarajang maranehna, salametkeun nyawa abdi ti eta singa-singa!
Tangtos ku abdi dinuhunkeun di hareupeun umat Gusti, tangtos Gusti ku abdi dipuji di hareupeun maranehna.
Tong diantep musuh-musuh abdi, tukang-tukang bohong, sarenang dumeh abdi eleh. Eta nu ngarewaeun ka abdi teu puguh-puguh teh tong diantep tinggelenyu ningal abdi kabalangsak.
Ngaromongna bujeng-bujeng darehdeh, kalah ka ngarancang rupi-rupi panipuan ka jalmi-jalmi anu hirupna rarukun.
Maranehna naruding bari sosoak, "Hag ayeuna mah kaperegok kalakuan maraneh nu teu bener teh!"
Anging PANGERAN tangtos langkung tingali, mugi abdi ulah diantep nun Gusti; abdi mugi ulah dikantun tebih-tebih.
Mugia Gusti enggal sumping, geusan ngabela hak abdi. Mugia enggal tandang, geusan ngabela perkara abdi.
Gusti teh adil, nun PANGERAN, umumkeun yen abdi teu salah ulah dugi ka musuh abdi sarenang hate ku hal abdi.
Ulah dugi ka hatena ngaromong, "Ayeuna urang bebas ti manehna! Memang kitu kahayang urang!"
Sakur nu ngarasa senang ku kasangsaraan abdi, sina areleh, sina baringungeun. Sakur anu ngakukeun leuwih hade batan abdi, sina nandang wiwirang sareng kahinaan.
Mugia sakur anu hayang sangkan abdi dibebaskeun, sing tiasa surak gumbira bari ngucapkeun deui, ngucapkeun deui, "Estu agung PANGERAN! Mantenna ngaraos suka lantaran abdi-Na rahayu."
Upami kitu, kaadilan Gusti ku abdi tangtos dibewarakeun sarta muji ka Gusti sadinten jeput.