Jabur 34
Jabur Daud, waktu pura-pura owah hareupeun Abimelek nepi ka diusir tuluy angkat. (34-2) Kaula seja nganuhunkeun ka PANGERAN saban waktu, moal eureun muji Mantenna.
(34-3) Seja muji sugri padamelana-Na, sina kadenge ku nu keur diteungteuinganan, malar hatena lipur.
(34-4) Hayu urang ngembarkeun kaagungan PANGERAN, urang bareng muji jenengana-Na!
(34-5) Kaula sasambat ka PANGERAN, ku Mantenna diwaler, dibebaskeun tina sagala kasieun.
(34-6) Nu dikaniaya ngaharep ka PANGERAN, hatena jadi bungah pangharepanana hamo gaplah.
(34-7) Nu balangsak teh sasambat ka Mantenna, seug dikabul, dibebaskeun tina karupekanana.
(34-8) Anu ajrih ka PANGERAN, dijaga ku malaikat-Na, dijait tina bahaya.
(34-9) Pek rarasakeun, kumaha saena PANGERAN. Bagja jalma nu nyalindung ka Mantenna.
(34-10) Sing hormat ka PANGERAN, he sakabeh umat-Na! Nu satuhu ka Mantenna moal aya kakurang.
(34-11) Singa aya kalana lapar teu beubeunangan, tapi nu ta’at ka PANGERAN mah, moal nyorang kakurangan.
(34-12) He para rumaja, ka darieu regepkeun, Bapa rek papatah hal hormat ka PANGERAN.
(34-13) Maraneh harayang hirup senang? Harayang panjang umur jeung hirup genah?
(34-14) Ulah goreng ucap jeung ulah bohong.
(34-15) Jauhan kajahatan, lampahkeun kahadean usahakeun karapihan sakuat tanaga.
(34-16) PANGERAN nitenan ka jalma bener, tur ngadangukeun panyambatna,
(34-17) tapi ka nu jarahat mah Mantenna ngalawan anu matak nu jarahat mah lamun geus maraot, gancang dipopohokeun.
(34-18) Mun jalma bener nyambat ka PANGERAN, ku Mantenna tangtu didangu, jeung dijait tina kasusahna.
(34-19) PANGERAN teh raket ka jalma nu remuk hate nyalametkeun ka nu pegat pangharepan.
(34-20) Jalma bener memang loba kasusahna, tapi pasti ku PANGERAN dijait tina sakabeh karerepetna.
(34-21) Ku PANGERAN diraksa sagala-galana, sahiji ge tulangna moal aya nu potong.
(34-22) Anu jahat mah tangtu paeh ku kajahatanana, anu mikageuleuh ka nu bener, pinasti dihukum.
(34-23) PANGERAN ngaraksa umat-Na, nu nyalindung ka Mantenna pinasti ditangtayungan.