Jabur 37
Ti Daud. Ulah salempang ku lampah jalma jahat, ulah kabita ku talajak jalma goreng.
Nu kararitu lir jukut garing kahalodoan, ibarat dangdaunan alum ngajadi kalakay.
Sing percaya ka PANGERAN, lampahkeun nu hade pek cicing di lemah cai, sing tengtrem.
Teangan kabagjaan di PANGERAN, angen-angen maneh ku Mantenna baris dicumponan.
Pasrahkeun hirup ka PANGERAN, puntangan piwelas-Na, tangtu nulungan,
lampah bener maneh ku Mantenna bakal disina atra lir panonpoe wanci manceran.
Masing sabar ngadago polah PANGERAN, ulah dengki mun nenjo batur mukti, sarta rarancang jahatna ngajadi.
Ulah ambek atawa panas hate, sabab ngan matak susah bae.
Nu muntang ka PANGERAN baris ngamilik tanah, sabalikna nu jarahat tangtu ku Mantenna ditundung.
Nu jarahat bakal gancang musna, barang diteang geus teu araya.
Demi anu sarareh budi, tangtu bakal kawaris tanah, hirupna senang ngahenang-ngahening.
Anu jahat ngamusuh ka anu bener, mani delek-delek bakat ku ngewa.
Tapi ku PANGERAN mah eta teh digumujengkeun, da geus kauninga yen geus tereh ditumpurkeun.
Jalma jahat matek pedang, mentang jamparing, rek mergasa nu balangsak, nu walurat, rek ngabinasa ka nu balener lampahna.
Tapi maranehna bakal paraeh ku pedangna sorangan, gondewa-gondewana paringges.
Najan saeutik, rejeki jalma bener mah leuwih maslahat, batan kakayaan tina ladang kajahatan;
sabab kakuatan jalma jahat ku PANGERAN bakal dipinggeskeun, ari mungguh jalma bener ku Mantenna tangtu dideudeul.
Hirupna jalma ibadah ku PANGERAN diraksa diriksa, sarta tanah milikna tangtu kapiboga salalawasna.
Dina musim werit hamo nepi ka walurat, dina usum tigerat hamo nepi ka kurat-karet.
Sabalikna nu jarahat pasti paraeh, musuh PANGERAN bakal musna cara kembang tegal, ilang musna cara haseup.
Jalma jahat ana nginjeum tara mulangkeun, sabalikna jalma bener mah karunyaan jeung berehan.
Nu diberkahan ku PANGERAN tangtu bakal ngamilik tanah, sabalikna nu ku Mantenna disapa, tangtu baris disingkahkeun.
PANGERAN nungtun hirup jalma di jalan sorangeunana, nangtayungan ka sakur anu kamanah ku Mantenna.
Lamun maranehna labuh, moal ngudupung bae, sabab tangtu ku PANGERAN dihudangkeun deui.
Ti ngongora tepi ka kolot kieu, acan kungsi kaula nenjo jalma bener diantep ku PANGERAN, nepi ka anak incuna kapaksa jajaluk menta dahareun.
Malah sabalikna anggur barisa mere maweh, tutulung ka nu barutuh, turta anak incuna ngajadi berkah.
Ku kituna nu goreng kudu disinglar, nu hade hempek lampahkeun, malar turunan bisa matuh tengtrem-tingtrim salalawasna.
Sabab PANGERAN asih ka sakur jalma bener, umat nu satia ku Mantenna hamo ditilar, nu saratia tangtu diraksa salalawasna, sabalikna turunan jalma jahat mah tangtu ditundung.
Nu balener bakal kawaris tanah pusaka, tur matuhna di dinya moal incah balilahan.
Jelema bener nyaritana wijaksana, satincak-tincakna jujur satarabasna.
Hatena kaancikan timbalan PANGERAN, rengkak polahna hamo ingkar ti dinya.
Anu jahat gawena ngintip-ngintip ka nu bener, neangan jalan hayang maehan.
Tapi karepna kitu teh moal bisa, sabab teu kawidian ku PANGERAN. Sanajan jalma bener nepi ka kudu jagrag ka pangadilan, PANGERAN hamo ngantep nepi ka manehna meunang hukuman.
Masing ngaharep ka PANGERAN, mangka tumut kana timbalana-Na, tangtu ku PANGERAN dikuatkeun geusan bisa miboga tanah pusaka, sarta maneh baris puas hate nenjo nu jarahat dibuburak.
Kungsi kaula nenjo aya jalma jahat jeung lalim, hirupna subur makmur jeg tangkal kiputri di Libanon;
tapi barang diilik deui, geus euweuh, diteangan weleh teu kapanggih.
Pek bandungan nu ibadah, nu bener, jalma resep rapih mah turunanana ge tangtu rendey.
Sabalikna nu boga dosa tangtu diancurkeun, sarta turunanana tangtu disingkirkeun.
Jalma bener ku PANGERAN disalametkeun, diraksa dina mangsa meunang tunggara.
Ku PANGERAN ditulungan, dirahayukeun, diluputkeun ti nu jarahat lantaran nyalindung ka Mantenna.