Jabur 38
Jabur Daud, waktu nyanggakeun kurban pangeling-eling. (38-2) Nun PANGERAN, sanaos bendu ge Gusti ulah dugi ka ngahukum ka abdi.
(38-3) Abdi raraheut disabetan ku jamparing Gusti, nepi ka ngarumpuyuk.
(38-4) Ku amarah Gusti, abdi nandangan kanyeri ku tina dosa sorangan, sakujur awak teu aya anu walagri.
(38-5) Abdi titeuleum dina caahna dosa sorangan, anu nindihna kacida abotna.
(38-6) Lantaran tina kabodoan sorangan, raheut abdi jadi borok pinuh ku nanah.
(38-7) Abdi dibengkungkeun, digencet, sadidinten humaregung.
(38-8) Awak direrab ku muriang, parantos sahoseun maot.
(38-9) Parantos payah, ajur sama sakali, hate nalangsa, bati humaregung gegerungan.
(38-10) Nun PANGERAN, Gusti uninga ka anu diharep ku abdi harurung abdi ku Gusti tangtos kadangu.
(38-11) Hate ratug keketegan, tanaga leungit pisan, panon surem teu cahyaan.
(38-12) Sobat sareng tatangga arembungeun deukeut dumeh abdi rujit ku kasakit, malah kadang warga ge narebihan.
(38-13) Nu harayangeun maehan abdi marasang jiretna, nu harayangeun nyilakakeun, ngati-ngati bade numpes; maranehna teu eureun-eureun sapongkol ngarah ka abdi.
(38-14) Nanging abdi lir anu torek, anu teu tiasa ngareungeu, lir anu pireu, anu teu tiasa ngomong.
(38-15) Abdi lir jalma anu teu tiasa ngabantah lantaran teu tiasaeun ngareungeu.
(38-16) Nanging abdi percaya ka Gusti, nun PANGERAN, yen Gusti tangtos kersa ngawaler ka abdi, nun PANGERAN, Allah abdi!
(38-17) Ulah dugi ka musuh ngarasa senang dumeh abdi susah, ulah dugi ka maranehna garumede dumeh abdi ambrug.
(38-18) Abdi parantos meh rubuh, kanyeri teu aya kendatna.
(38-19) Abdi ngangken dosa-dosa, dosa anu ngalantarankeun hate paur.
(38-20) Musuh-musuh abdi jaragjag sareng baredas, seueur anu ngarewaeun ka abdi teu puguh-puguh.
(38-21) Jalma-jalma anu ngabales kahadean ku kajahatan, ngamusuh ka abdi, dumeh abdi usaha milampah bener.
(38-22) Abdi ulah dikantun, nun PANGERAN, ulah tebih ti abdi, nun Allah panutan.
(38-23) Enggal abdi tulungan, ayeuna, nun PANGERAN jurusalamet abdi!