:

Jabur 4

1

Pikeun pamingpin biduan. Dipirig ku kacapi. Jabur Daud. (4-2) Samangsa abdi sasambat, mugi diwaler, nun Allah, panyaluuhan abdi! Gusti parantos nulungan, waktos abdi susah. Ayeuna ge mugi mikawelas, paneda abdi mugi didangu.

2

(4-3) He jalma-jalma, rek nepi ka iraha maraneh ngahina ka kami? Rek nepi ka iraha resep ka nu tanpa guna jeung moro-moro nu teu bener?

3

(4-4) Inget, PANGERAN geus milih jelema nu bener, dijadikeun milik-Na, upama kami sasambat ka Mantenna, pasti didangu.

4

(4-5) Sing ngadegdeg sieun, ulah nyieun deui dosa! Pek hal eta lalenyepan ari keur sepi sorangan di enggon.

5

(4-6) Baktikeun kurban anu bener ka PANGERAN, tuluy ngandel ka Mantenna.

6

(4-7) Seueur nu sok neneda kieu, "Pasihan abdi berkah langkung seueur, nun PANGERAN, mugi aya piwelas!"

7

(4-8) Nanging kasukaan anu ku Anjeun dipaparinkeun ka abdi mah langkung ti kasukaan jalma-jalma anu mucekil hasil panenna.

8

(4-9) Waktos ngedeng, abdi tiasa sare tibra, mung ku Anjeun, nun PANGERAN, hirup abdi aman santosa.

Link: