:

Jabur 5

1

Pikeun pamingpin biduan. Dipirig ku suling. Jabur Daud. (5-2) Nun PANGERAN, dangukeun ieu panuhun abdi, pirosea rumahuh abdi.

2

(5-3) Dangukeun panyambat abdi neda pitulung, nun Allah abdi, raja abdi!

3

(5-4) Ka Gusti abdi neneda, nun PANGERAN; dangukeun sora abdi enjing-enjing; waktos panonpoe bijil, abdi ngunjukkeun paneda, sareng ngantos waleranana.

4

(5-5) Margi Gusti sanes Allah nu seneng kaawonan, Gusti moal ngantep kajahatan.

5

(5-6) Gusti teu tahan ningali jalmi adigung ceuceub ka nu lampahna jahat.

6

(5-7) Tukang-tukang bohong ku Gusti dibasmi, tukang maehan sareng tukang tipu dihina.

7

(5-8) Nanging ku margi Anjeun sakitu asihna, abdi kenging asup ka gedong Gusti, kenging ngabakti di Bait Gusti anu suci sujud ka Gusti kalayan hormat.

8

(5-9) Nun PANGERAN, musuh abdi kacida seueurna! Mugi abdi dituyun ngalampahkeun pangersa Gusti; tuduhkeun jalan Gusti nu ku abdi kedah disorang.

9

(5-10) Margi omongan musuh teh teu aya andeleunana, karepna mung bade ngabinasa, ucap-ucapanana sarae, matak kapincut, padahal pinuh ku tipu daya.

10

(5-11) Mugi nu karitu teh dihukum, nun Allah, sina carilaka ku rarancangna sorangan. Usir ti payuneun Gusti margi seueur dosana, sareng ngaralawan ka Gusti.

11

(5-12) Dupi anu milari salamet ka Gusti mah bakal saruka, tiasa nyaranyi suka bungah salamina. Tangtayungan sugri anu nyaah ka Gusti, supados ngaraos suka ku karana Gusti.

12

(5-13) Gusti ngaberkahan sakur anu narurut, nun PANGERAN; piwelas Gusti ibarat kepeng keur maranehna.

Link: