:

Jabur 41

1

Pikeun pamingpin biduan. Jabur Daud. (41-2) Bagja jalma nu sok tatalang ka nu walurat, mun meunang papait tangtu ku PANGERAN dijait.

2

(41-3) Hirupna ku PANGERAN diraksa, diriksa, tengtrem matuh di tanahna, moal diantep beunang ku musuhna,

3

(41-4) Ana gering, ku PANGERAN tangtu dilayad, dipulihkeun deui kasehatanana.

4

(41-5) Ceuk kaula, "Nun PANGERAN, abdi teh rumaos dosa, nyuhunkeun piwelas, hoyong cageur."

5

(41-6) Musuh rame ngawon-ngawonkeun abdi, ngadoakeun maot, ngadoakeun sing tereh kapopohokeun.

6

(41-7) Rajeun ngaralayad mung dapon bae, sareng ngumpulkeun wartos-wartos awon hal abdi, seug diuar-uar ka mana-mana.

7

(41-8) Anu ngarewaeun teh tingharewos, ngira-ngirakeun hal anu pang awonna hal abdi.

8

(41-9) Aromongna, "Geringna ripuh pisan, geus moal hudang deui ti enggon."

9

(41-10) Malah sobat dalit ge, sobat sarasiah, sobat sahakan sainum, malik miceun.

10

(41-11) Nun PANGERAN, sing hawatos, abdi cageurkeun, hoyong mulangkeun kanyeri ka musuh.

11

(41-12) Upami maranehna teu barisaeun ngelehkeun abdi, nembe abdi bakal leres-leres terang yen Gusti nyaah ka abdi.

12

(41-13) Gusti tangtos nulungan, da kalakuan abdi teh bener; Gusti tangtos nampi abdi hirup di payuneun, salalamina.

13

(41-14) Puji PANGERAN, Allahna Israil! Ayeuna, terus salalanggengna! Amin! Amin!

Link: