Pikeun pamingpin biduan. Lagu atikan ti golongan Korah. (42-2) Lir uncal kangen kana cai tiis di susukan, nya kitu abdi kangen ka Gusti, nun Allah!
2
(42-3) Kitu hanaangna hate abdi ka Gusti, Allah nu jumeneng. Iraha abdi kedah indit ngabakti, marek ka Gusti?
3
(42-4) Beurang peuting abdi ceurik, tedaeun ge mung cipanon; musuh hantem bae nyalindiran, "Mana Allah maneh teh?"
4
(42-5) Ari ras ka alam ka tukang, hate mani ngarakacak inget bareto sok milu ngaleut ka gedong Allah, ngapalaan aleutan jalma rea, anu galumbira, nyaranyi, maruji ka Allah.
5
(42-6) Ku naon kaula sakieu nalangsana? Ku naon sakieu sedihna? Kaula neundeun harepan ka Allah, jeung sakali deui rek muji ka Mantenna, jurusalamet jeung Allah kaula.
6
(42-7) Di dieu, di pangbuangan, hate kaula ajur seug nginget-nginget deui Mantenna. Sukma kaula ku Mantenna diteunggar ku ombak kasedih, diamuk ku caah kalang kabut, ngaguruh sada curug ngagurujug ka Walungan Yordan, ti Gunung Hermon jeung Gunung Misar.
7
(42-8) (42:6)
8
(42-9) Muga ti beurang PANGERAN nembongkeun satia asih-Na, supaya peutingna kaula bisa nyanyi, jeung neneda ka Allah sumber hirup kaula.
9
(42-10) Kaula unjukan ka Allah, nu jadi pananggeuhan, "Ku naon Gusti tega ka abdi? Ku naon abdi kedah sangsara, kedah dikaniaya ku musuh?"
10
(42-11) Hate kaula nyelekit ngadenge panghina maranehna, anu teu eureun-eureun nyindiran, "Mana Allah maneh teh?"
11
(42-12) Ku naon kaula sakieu nalangsana? Ku naon sakieu sedihna? Kaula neundeun harepan ka Allah, jeung sakali deui rek muji ka Mantenna, jurusalamet jeung Allah kaula.