:

Jabur 43

1

Nun Allah, saurkeun yen abdi teu gaduh kalepatan, belaan perkawis abdi ti eta nu daroraka, luputkeun abdi ti jalmi-jalmi palsu tur jarahat!

2

Gusti teh panyalindungan abdi, ku naon margina tega? Ku naon abdi kedah sangsara, kedah dikaniaya ku musuh?

3

Sumiratkeun cahaya sareng kayaktian Gusti, sina nungtun ka abdi, sina mulangkeun abdi ka Sion, gunung Gusti nu suci, ka Bait Allah panglinggihan Gusti.

4

Tangtos abdi dongkap ka altar Gusti, nun Allah; Gusti teh sumber kabagjaan abdi. Abdi seja ngacapi sareng nyanyi muji ka Gusti, nun Allah, Allah abdi!

5

Ku naon kaula sakieu nalangsana? Ku naon nepi ka sakieu sedihna? Kaula neundeun harepan ka Allah, jeung sakali deui rek muji ka Mantenna, jurusalamet jeung Allah kaula.

Link: