:

Jabur 47

1

Pikeun pamingpin biduan. Jabur golongan Korah. (47-2) He sakumna umat, geura keprok sing rame! Paruji Allah ku lalaguan sing tarik!

2

(47-3) PANGERAN Nu Maha Agung, wajib dipikaserab; Mantenna raja agung, ngasta sakuliah jagat.

3

(47-4) Urang ku Mantenna disina ngungkulan bangsa-bangsa, urang disina ngawasaan bangsa-bangsa.

4

(47-5) Ku Mantenna dipangmilihkeun tempat pamatuhan, tanah kareueus bangsa nu diasih ku Mantenna.

5

(47-6) Allah parantos mancat kana tahta-Na, dipirig ku surak jeung sora tarompet.

6

(47-7) Nyanyikeun pujian ka Allah, nyanyikeun pujian ka raja urang!

7

(47-8) Sabab Allah teh raja sajagat buana, puji ku lalaguan!

8

(47-9) Allah ngabawah bangsa-bangsa, lumenggah dina tahta-Na nu suci.

9

(47-10) Para pamingpin bangsa karumpul ngahiji jeung umat Allahna Ibrahim. Allah teh punjul ti sakabeh kakuatan, marentahna pinunjul.

Link: