Jabur golongan Korah. Maha agung PANGERAN, pohara kudu dimulyakeunana di kota Allah urang, di gunung-Na anu suci.
2
Sion, gunungna Allah, luhur jeung endah, kotana Raja Agung, anu nyukakeun sakuliah jagat.
3
Allah geus netelakeun, yen di jero benteng eta kota, Mantenna aman santosa.
4
Raja-raja ngahiji, daratang ngajorag, rek narajang Gunung Sion.
5
Tapi barang eta geus katarenjoeun, maranehna ngajarenghok, tuluy lalumpatan sarieuneun.
6
Leungit pangacianana, sarta katarajang paur kawas awewe rek ngajuru,
7
lir kapal dibuntang-banting ku angin ribut.
8
Urang geus ngadenge anu geus dipidamel ku Allah. Ayeuna urang nenjo buktina di kota Allah urang, PANGERAN Nu Maha Kawasa. Ieu kota ku Mantenna disina reugreug salalanggengna.
9
Di lebet Bait Gusti, nun Allah, abdi sadaya ngemut-ngemut satia asih Gusti.
10
Di mana-mana, jalmi-jalmi maruji ka Gusti. Kamashuran Gusti kawentar ka saalam dunya. Gusti marentah kalawan adil,
11
urang Sion barungah! Gusti parantos nerapkeun hukum adil, kota-kota di Yuda garerah.
12
He umat Allah, puteran Sion sakurilingna, itung munarana,
13
ilikan tembok-tembokna, tengetan benteng-bentengna, ambeh jaga bisa nyarita kieu ka turunan:
14
"Allah teh Allah urang salalanggengna. Mantenna baris nuyun urang taya kendatna."