:

Jabur 49

1

Pikeun pamingpin biduan. Jabur golongan Korah. (49-2) He jalma-jalma, reungeukeun, he saeusi dunya, regepkeun,

2

(49-3) nu hina, nu mulya, nu beunghar, nu miskin, kum.

3

(49-4) Kaula dek medar ciptaning ati, ucap hikmah bijaksana.

4

(49-5) Kaula rek museurkeun pikiran kana sasmita, sarta nerangkeun hartina bari ngacapi.

5

(49-6) Kaula teu rempan ku bahaya, moal bingung pedah dilingkung ku musuh,

6

(49-7) teu salempang ku nu jarahat, anu ngandelkeun kabeungharanana, anu takabur ku kajegudanana.

7

(49-8) Jalma moal aya nu mampuh nebus nyawana, moal mampuh mayar panebus hirupna ka Allah,

8

(49-9) lantaran pamayar hirup manusa teh kacida luhurna. Mayar sakumaha gedena ge

9

(49-10) moal cukup pikeun luput tina kubur, sangkan hirup sapapanjangna.

10

(49-11) Sabab geus teu matak bireuk, jalma bijaksana ge sarua jeung nu bodo jeung nu biko, hilang ti dunya ninggalkeun hartana ka turunanana.

11

(49-12) Kuburanana teh enggonna salalanggengna; di dinya ngancikna sapapanjangna najan keur hirupna mah bogaeun tanah sorangan.

12

(49-13) Sakumaha mulyana jalma, moal sumingkir tina patina, kudu paeh, teu beda ti sato.

13

(49-14) Pek awaskeun, kumaha jadina jalma-jalma anu arumangkeuh ku dirina, kumaha jadina nasib jalma anu umangkeuh ku kabeungharanana.

14

(49-15) Geus ditakdirkeun kudu maot, teu beda ti domba, bakal diangon ku ajal. Maranehna eleh ku anu hirupna bener, mayit-mayitna gancang buruk di alam paeh, jauh ti imah urut matuhna.

15

(49-16) Ari kaula mah ku Allah baris dijait, baris diluputkeun tina kakawasaan ajal.

16

(49-17) Ulah kaget nenjo batur jadi beunghar, masing batur beuki tambah beunghar oge.

17

(49-18) Da ari geus paeh mah hartana moal kabawa, kabeungharana moal nuturkeun ka jero kubur.

18

(49-19) Sanajan keur hirupna sugema, sarta pada muji-muji pinter usaha,

19

(49-20) pasti nyusul ajal karuhunna, di nu poek saendeng-endeng.

20

(49-21) Sakumaha mulyana jalma, moal sumingkir tina patina, kudu paeh, teu beda ti sato.

Link: