:

Jabur 54

1

Pikeun pamingpin biduan. Dipirig ku kacapi. Lagu atikan karangan Daud, (54-2) waktu urang Sip pupulih ka Saul: "Daud nuju nyilib di abdi sadaya." (54-3) Jait abdi ku kakawasaan Gusti, nun Allah, bebaskeun ku kadigjayaan Gusti.

2

(54-4) Nun Allah, mugi ieu paneda dangukeun, ieu panyambat abdi mugi perhatoskeun.

3

(54-5) Abdi teh dirurug ku nu arangkuh, diarah pati ku nu barengis, jalmi-jalmi anu henteu ngendahkeun ka Allah.

4

(54-6) Tapi kami boga panulung, nya eta Allah. Kami aya nu ngabela, nya eta PANGERAN.

5

(54-7) Mugia kajahatan maranehna ku Allah dijieun keur hukumanana. Maranehna ku Allah tangtu dibasmi, sabab Allah teh satia.

6

(54-8) Kalayan suka abdi bade nyanggakeun kurban ka Gusti, muji sukur tina sugri kasaean Gusti, nun PANGERAN.

7

(54-9) Wireh Gusti parantos ngajait abdi tina rupi-rupi pakewuh, malah ningal musuh-musuh abdi dielehkeun.

Link: